Kajadian
10 Ieu sajarah anak-anak lalakina Nuh, nyaéta Sém, Ham, jeung Yafét.
Sanggeus Caah Gedé, maranéhna boga anak-anak lalaki. 2 Anak-anak lalaki Yafét nyaéta Gomér, Magog, Madai, Yawan, Tubal, Mésyékh, jeung Tiras.
3 Anak-anak lalaki Gomér nyaéta Askénaz, Rifat, jeung Togarma.
4 Anak-anak lalaki Yawan nyaéta Élisya, Tarsyis, Kitim, jeung Dodanim.
5 Turunan maranéhna nyebar jeung cicing di pulo-pulo nurutkeun basana, kaomna, jeung bangsana.
6 Anak-anak lalaki Ham nyaéta Kus, Mizraim, Put, jeung Kanaan.
7 Anak-anak lalaki Kus nyaéta Séba, Hawila, Sabta, Raama, jeung Sabtéka.
Anak-anak lalaki Raama nyaéta Syéba jeung Dédan.
8 Kus boga budak nu dingaranan Nimrod. Nimrod téh pamingpin perkasa nu pangmimitina di bumi. 9 Manéhna téh tukang moro nu perkasa nu ngalawan Yéhuwa. Éta sababna sok aya nu ngomong kieu, ”Manéh mah siga Nimrod, tukang moro nu perkasa nu ngalawan Yéhuwa.” 10 Kota-kota nu mimiti aya di karajaanana téh nyaéta Babél, Érékh, Akad, jeung Kalné, di nagri Syinar. 11 Ti nagri éta, manéhna indit ka Asiria tuluy ngabangun Niniwé, Réhobot-Ir, Kala, 12 jeung Résén nu aya di antara Niniwé jeung Kala. Kabéhanana téh kota nu gedé.*
13 Mizraim boga budak nu dingaranan Ludim, Anamim, Léhabim, Naftuhim, 14 Patrusim, Kasluhim (karuhunna urang Filistin), jeung Kaftorim.
15 Anak-anak Kanaan téh nyaéta Sidon anak cikalna sarta Hét. 16 Kanaan gé karuhunna urang Yébus, urang Amori, urang Girgasyi, 17 urang Héwi, urang Arkhi, urang Sin, 18 urang Arwad, urang Zémar, jeung urang Hamat. Sanggeusna, kaom-kaom turunan Kanaan papencar. 19 Jadi wates daérah urang Kanaan téh ti Sidon nepi ka Gérar, deukeut Gaza, sarta nepi ka Sodom, Gomora, Adma, jeung Zéboyim, deukeut Lasya. 20 Tah éta turunan Ham nurutkeun kaomna, basana, tempat matuhna, jeung bangsana.
21 Sém adina* Yafét gé boga barudak. Ébér jeung anak-anakna téh turunan Sém. 22 Anak-anak lalaki Sém téh Élam, Assyur, Arpakhsyad, Lud, jeung Aram.
23 Anak-anak lalaki Aram téh Uz, Hul, Gétér, jeung Mas.
24 Arpakhsyad boga budak nu dingaranan Syéla, ari Syéla boga budak nu dingaranan Ébér.
25 Ébér boga dua anak lalaki. Nu kahiji dingaranan Pélég,* lantaran harita penduduk bumi téh papencar.* Anak lalaki nu hiji deui ngaranna Yoktan.
26 Yoktan boga budak nu dingaranan Almodad, Syéléf, Hazarmawét, Yérah, 27 Hadoram, Uzal, Dikla, 28 Obal, Abimaél, Syéba, 29 Ofir, Hawila, jeung Yobab. Maranéhna kabéh téh anak-anak lalakina Yoktan.
30 Daérah pamatuhan maranéhna téh ti Mésya nepi ka Séfar, daérah pagunungan di beulah Wétan.
31 Tah éta turunan Sém nurutkeun kaomna, basana, tempat matuhna, jeung bangsana.
32 Éta kulawarga anak-anak lalakina Nuh nurutkeun garis turunan jeung bangsana masing-masing. Turunan maranéhna téh jadi bangsa-bangsa nu nyebar ka sakuliah bumi sanggeus Caah Gedé.