Kajadian
11 Harita, sakabéh jalma di bumi téh ngan hiji basana, kecap-kecapna gé sarua. 2 Waktu jalma-jalma indit ka beulah wétan, maranéhna nepi di lebak nu lega di tanah Syinar, seug maratuh di dinya. 3 Maranéhna ngomong kieu jeung pada baturna, ”Hayu urang nyieun bata, urang beuleum ku seuneu.” Jadi maranéhna maké bata keur gagantina batu, jeung maké aspal keur pamageuhna. 4 Ceuk maranéhna, ”Hayu urang ngabangun kota jeung munara nu puncakna nepi ka langit, ngarah ngaran urang kamashur, jeung ngarah urang teu papencar ka sakuliah bumi.”
5 Tuluy, Yéhuwa ningalian* kota jeung munara nu dibangun ku manusa. 6 Ceuk Yéhuwa, ”Tuh tingali naon nu dilakukeun ku maranéhna! Maranéhna bisa ngahiji téh lantaran basana sarua. Lamun ayeuna gé maranéhna bisa kieu, komo deui engké. Sagala nu direncanakeun ku maranéhna tangtu ngawujud. 7 Hayu urang turun, urang kacowkeun basana, supaya maranéhna teu ngarti omongan baturna.” 8 Jadi Yéhuwa mencarkeun maranéhna ti dinya ka sakuliah bumi. Lila-lila, maranéhna eureun ngabangun kota éta. 9 Éta sababna kota éta dingaranan Babél,* lantaran di dinya, basa di sakuliah bumi dikacowkeun ku Yéhuwa, sarta jalma-jalma geus dipencarkeun ti dinya ka sakuliah bumi ku Yéhuwa.
10 Ieu sajarahna Sém.
Dua taun sanggeus Caah Gedé, basa umur Sém 100 taun, manéhna boga anak nu dingaranan Arpakhsyad. 11 Sanggeus Arpakhsyad lahir, Sém hirup 500 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.
12 Umur Arpakhsyad 35 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Syéla. 13 Sanggeus Syéla lahir, Arpakhsyad hirup 403 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.
14 Umur Syéla 30 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Ébér. 15 Sanggeus Ébér lahir, Syéla hirup 403 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.
16 Umur Ébér 34 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Pélég. 17 Sanggeus Pélég lahir, Ébér hirup 430 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.
18 Umur Pélég 30 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Réu. 19 Sanggeus Réu lahir, Pélég hirup 209 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.
20 Umur Réu 32 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Sérug. 21 Sanggeus Sérug lahir, Réu hirup 207 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.
22 Umur Sérug 30 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Nahor. 23 Sanggeus Nahor lahir, Sérug hirup 200 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.
24 Umur Nahor 29 taun basa manéhna boga anak nu dingaranan Térah. 25 Sanggeus Térah lahir, Nahor hirup 119 taun deui. Manéhna boga anak-anak lalaki jeung awéwé.
26 Sanggeus umur Térah 70 taun, manéhna boga anak-anak lalaki nu dingaranan Abram, Nahor, jeung Haran.
27 Ieu sajarahna Térah.
Térah boga anak-anak nu dingaranan Abram, Nahor, jeung Haran. Haran boga anak nu dingaranan Lot. 28 Waktu Térah bapana hirup kénéh, Haran maot di tanah kalahiranana, nyaéta di Ur kota urang Khaldéa. 29 Abram kawin, kitu ogé Nahor. Pamajikanana Abram ngaranna Sarai, ari pamajikanana Nahor ngaranna Milka, anak awéwéna Haran. Aya kénéh anak awéwé Haran séjénna, nyaéta Iska. 30 Sarai téh mandul, teu boga budak.
31 Geus kitu, Térah indit ti Ur, kota urang Khaldéa, ka tanah Kanaan. Manéhna mawa Abram anakna, Lot incuna, nyaéta anakna Haran, sarta mawa Sarai minantuna. Ka dieunakeun, maranéhna nepi di Haran tuluy maratuh di dinya. 32 Térah maot di Haran dina umur 205 taun.