Kajadian
22 Geus kitu, Allah nu bener nguji Ibrahim. Ceuk Anjeunna, ”Ibrahim!” Ditémbalan, ”Kulan?” 2 Tuluy ceuk Anjeunna, ”Cikan, bawa Ishak anak manéh nu ngan hiji-hijina nu kacida dipikanyaahna ku manéh. Sok indit ka tanah Moria. Korbankeun manéhna jadi korban beuleuman di gunung nu engké rék dituduhkeun ku Kuring.”
3 Jadi isuk-isuk kénéh, Ibrahim hudang, nyiapkeun kaldéna, jeung ngajak dua palayanna sarta Ishak anakna. Manéhna meulahan kai keur ngaduruk korban, geus kitu indit ka tempat nu dituduhkeun ku Allah nu bener. 4 Dina poé nu katilu, tempat nu rék dijugjug ku Ibrahim téh katempo ti kajauhan. 5 Ibrahim ngomong ka para palayanna, ”Tungguan di dieu nya jeung kaldé. Bapa jeung si Ujang rék ibadah ka ditu, engké balik deui ka dieu.”
6 Ibrahim nyokot kai keur ngaduruk korban, tuluy sina dipanggul ku Ishak anakna. Ari Ibrahim mah mawa seuneu jeung péso.* Duanana leumpang babarengan. 7 Terus Ishak ngomong ka Ibrahim bapana, ”Bapa!” Dijawabna, ”Enya, Jang!” Ishak ngomong deui, ”Ieu seuneu jeung kaina aya, ari domba nu rék dikorbankeunana mana?” 8 Ibrahim ngajawab, ”Jang, engké domba keur korban beuleumanana disadiakeun ku Allah.” Geus kitu duanana leumpang deui.
9 Ahirna, maranéhna nepi di tempat nu dituduhkeun ku Allah nu bener. Di dinya, Ibrahim nyieun mézbah jeung nyusun kai di luhurna. Leungeun jeung suku Ishak anakna ditalian, tuluy manéhna digolérkeun dina mézbah di luhureun kai. 10 Gep Ibrahim nyokot péso* pikeun maéhan anakna. 11 Ari pék téh malaikat Yéhuwa ngageroan ti langit, ”Ibrahim, Ibrahim!” Dijawabna, ”Kulan?” 12 Malaikat éta ngomong deui, ”Ulah dipaéhan budak téh, ulah dikukumaha. Ayeuna Kuring* nyaho, manéh téh hormat* ka Allah, lantaran manéh teu lebar masrahkeun anak manéh nu ngan hiji-hijina ka Kuring.” 13 Rét Ibrahim ningali aya domba jalu teu jauh ti dinya, nu tandukna ngait kana rungkun. Jadi éta domba jalu dicokot ku Ibrahim tuluy dibeuleum jadi korban gaganti anakna. 14 Éta tempat dingaranan Yéhuwa-yiréh* ku Ibrahim. Éta sababna nepi ka ayeuna, jalma-jalma sok ngomong, ”Di gunung Yéhuwa, Anjeunna bakal nyadiakeun.”
15 Kadua kalina malaikat Yéhuwa ngageroan Ibrahim ti langit, 16 ”Ceuk Yéhuwa, ’Kuring sumpah demi diri Kuring. Lantaran manéh geus nuturkeun omongan Kuring jeung teu lebar masrahkeun anak manéh nu ngan hiji-hijina, 17 Kuring pasti bakal ngaberkahan manéh, jeung bakal ngajadikeun turunan* manéh sarua lobana siga béntang di langit sarta keusik di basisir. Turunan* manéh bakal ngarebut kota-kota* musuhna. 18 Ku jalan turunan* manéh, sakabéh bangsa di bumi bakal meunang berkah, lantaran manéh geus nurut kana omongan Kuring.’”
19 Geus kitu, Ibrahim balik ka tempat para palayanna tuluy mulang bareng ka Béér-syéba. Ibrahim terus matuh di Béér-syéba.
20 Sanggeus kabéh kajadian éta, Ibrahim meunang kabar, ”Milka, pamajikan Nahor lanceuk anjeun geus ngalahirkeun anak-anak lalaki, 21 nyaéta Uz nu cikal, tuluy Buz adina, Kémuél bapana Aram, 22 Khéséd, Hazo, Pildas, Yidlaf, jeung Bétuél.” 23 Bétuél téh bapana Ribka. Éta dalapan anak lalaki nu dilahirkeun ku Milka, pamajikan Nahor, lanceukna Ibrahim. 24 Nahor boga selir, ngaranna Réuma, manéhna gé ngalahirkeun anak-anak lalaki, nyaéta Tébah, Gaham, Tahas, jeung Maaka.