Kajadian
40 Sanggeus éta kabéh kajadian, pangurus inuman raja Mesir jeung pangurus roti nyieun kasalahan ka juragan maranéhna, nyaéta raja Mesir. 2 Ku kituna, Firaun ambek ka dua pajabatna, nyaéta pangurus inuman jeung pangurus roti. 3 Maranéhna dijebloskeun ka panjara di imahna kapala pangawal, tempat Yusuf ditahan. 4 Kapala pangawal nugaskeun Yusuf supaya maturan jeung ngaladenan maranéhna. Maranéhna rada lila aya di panjara.
5 Hiji peuting, pangurus inuman jeung pangurus roti raja Mesir nu keur dipanjara téh masing-masing ngimpi. Unggal impianana aya hartina. 6 Isuk-isukna, waktu disampeurkeun ku Yusuf, maranéhna katingali keur sedih. 7 Jadi manéhna nanya ka dua pajabat Firaun éta nu keur dipanjara bareng jeung manéhna, ”Ku naon dinten ieu aranjeun meni saredih kitu?” 8 Ceuk maranéhna, ”Urang duaan téh ngimpi, tapi euweuh nu bisa ngajelaskeun hartina.” Yusuf némbalan, ”Ngan Allah nu bisa ngahartikeun impian. Cikan caritakeun ka abdi.”
9 Jadi pangurus inuman nyaritakeun impianana ka Yusuf, ”Urang ngimpi, aya tangkal anggur di hareupeun urang. 10 Tangkalna téh boga tilu dahan, sirungan, kembangan, tuluy ngahasilkeun ranggeuyan-ranggeuyan anggur nu asak. 11 Ari urang keur nyekel gelas Firaun. Geus kitu, urang ngala jeung meres anggur-anggur éta kana gelas Firaun. Ku urang gelasna diasongkeun ka Firaun.” 12 Yusuf ngomong ka manéhna, ”Ieu harti impian éta: Tilu dahan hartina tilu poé. 13 Tilu poé deui, Firaun bakal ngabébaskeun anjeun sarta masihkeun deui jabatan anjeun salaku pangurus inuman. Anjeun bakal masihkeun inuman ka Firaun siga saacanna. 14 Tapi, engké lamun kaayaan anjeun tos saé, ulah hilap ka abdi. Sing bageur* ka abdi. Engké pangnyaritakeun ngeunaan abdi ka Firaun, supaya abdi bisa kaluar ti dieu. 15 Saleresna, abdi diculik ti tanah urang Ibrani. Abdi dijebloskeun ka panjara* gé saleresna mah teu gaduh salah nanaon.”
16 Ngadéngé harti impian baturna alus, pangurus roti nyaritakeun impianana ka Yusuf, ”Urang gé ngimpi. Urang mawa tilu karanjang dina sirah urang, eusina téh roti bodas. 17 Dina karanjang nu pangluhurna, aya rupa-rupa roti keur Firaun. Ari pék téh nu aya dina karanjang éta diparacokan ku manuk.” 18 Yusuf ngomong ka manéhna, ”Ieu harti impian éta: Tilu karanjang hartina tilu poé. 19 Tilu poé deui, anjeun bakal dipenggel ku Firaun tuluy digantung dina tihang. Awak anjeun bakal diparacokan ku manuk.”
20 Tilu poé ti harita, Firaun ulang taun. Manéhna ngayakeun pésta keur sakabéh hambana. Manéhna nitah pangurus inuman jeung pangurus roti sina ngadep ka manéhna di hareupeun hamba-hambana. 21 Jabatan pangurus inuman dibalikkeun deui. Manéhna ditugaskeun méré inuman ka Firaun siga saacanna. 22 Ari pangurus roti digantung ku Firaun, percis sakumaha omongan Yusuf. 23 Tapi, pangurus inuman teu inget ka Yusuf.