Raja-Raja nu Kahiji
14 Hiji waktu, Abiya putra Yéroboam gering. 2 Jadi Yéroboam ngomong kieu ka pamajikanana, ”Cikan ka Syilo, panggihan Nabi Ahiya anu baréto nyebutkeun yén Akang bakal jadi raja ieu bangsa. Tapi engké Nyai nyamar nya, ngarah teu kanyahoan Nyai téh pamajikan Akang. 3 Jung indit bari mawa roti sapuluh siki, kuéh-kuéh, jeung madu sabotol. Engké dibéré nyaho ku anjeunna ieu budak téh bakal kumaha.”
4 Éta omongan téh diturut ku pamajikanana Yéroboam. Bral manéhna indit ka Syilo, ka imahna Ahiya. Ahiya téh geus teu bisa ningali, da geus kolot.
5 Tapi Ahiya geus dibéré nyaho kieu ku Yéhuwa, ”Engké pamajikanana Yéroboam datang ka dieu rék ménta pituduh ngeunaan budakna nu keur gering, datangna téh bari nyamar. Engké manéh ngomong kumaha-kumahana mah dibéjaan ku Kuring.”
6 Waktu éta awéwé asup ka lawang, kadéngé sora léngkahna ku Ahiya, seug digeroan, ”Sok asup, pamajikan Yéroboam. Ku naon maké nyamar sagala? Bapa geus dititah méré béja goréng ka Nyai. 7 Jung béjakeun ka Yéroboam, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ”Manéh ku Kuring téh geus diangkat ti bangsa manéh pikeun jadi pamingpin Israél umat Kuring. 8 Éta karajaan ti turunan Daud téh geus dicokot ku Kuring tuluy dibikeun ka manéh, tapi manéh teu siga Daud hamba Kuring. Daud mah terus ngajalankeun paréntah Kuring, sapinuhna haté nuturkeun Kuring, jeung ngalampahkeun nu bener hungkul dina pandangan Kuring. 9 Ari manéh mah kacida dorakana, leuwih doraka tibatan jalma-jalma saacan manéh. Manéh mah nganyenyeri Kuring, ngadon nyieun aallahan jeung patung-patung tina logam. Manéh geus nonggongan ka Kuring. 10 Ku sabab kitu, turunan Yéroboam bakal keuna ku musibat. Sakabéh turunan Yéroboam nu lalaki* di Israél, kaasup nu lemah jeung teu walakaya, ku Kuring bakal dibasmi. Turunan Yéroboam bakal dibasmi nepi ka teu nyésa, kawas nyapukeun kokotor! 11 Kulawarga Yéroboam nu paéh di kota bakal dihakanan ku anjing-anjing, jeung nu paéh luareun kota bakal béak ku manuk-manuk nu sok ngahakan bangké, sabab Kuring, Yéhuwa, nu ngucapkeunana.”’
12 ”Ayeuna mah jig balik. Engké pas Nyai nepi di kota, budak téh bakal maot. 13 Kabéh urang Israél bakal nyeungceurikan jeung nguburkeun éta budak. Dina kulawarga Yéroboam, ngan éta budak nu bakal dikuburkeun, sabab Yéhuwa Allah Israél ningali aya nu hadé dina haténa. Ngan éta saurang nu kitu. 14 Sanggeus kitu, Yéhuwa bakal ngangkat hiji raja di Israél nu bakal ngabasmi kulawargana Yéroboam dina waktuna, malahan mah ti ayeuna. 15 Ku sabab Israél geus nyieunan tihang-tihang berhala* jeung nganyenyeri haté Yéhuwa, Yéhuwa bakal ngahukum Israél nepi ka Israél kawas jujukutan nu ambang-ambangan dina cai. Maranéhna bakal dirabut ku Anjeunna ti ieu tanah anu sakitu hadéna, nu dibikeun ku Anjeunna ka karuhun maranéhna. Maranéhna gé bakal dipaburencaykeun ka peuntaseun Walungan Éfrat. 16 Israél bakal ditinggalkeun ku Anjeunna, lantaran Yéroboam geus nyieun dosa sarta ngalantarankeun Israél ngalampahkeun dosa.”
17 Ahirna, bral pamajikanana Yéroboam balik tuluy nepi di Tirza. Barang nepi di lawang panto imahna, les budakna maot. 18 Jadi éta budak téh dikuburkeun jeung diceungceurikan ku kabéh urang Israél, sakumaha ucapan Yéhuwa nu ditepikeun ku Nabi Ahiya hamba-Na.
19 Riwayat Yéroboam, kaasup ngeunaan perangna jeung pamaréntahanana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Israél. 20 Lilana Yéroboam maréntah téh 22 taun, tuluy manéhna maot siga karuhunna. Nadab putrana ngaganti manéhna jadi raja.
21 Ari Réhoboam putra Sulaéman jadi raja di Yéhuda. Basa jadi raja, Réhoboam téh umurna 41 taun. Manéhna maréntah salila 17 taun di Yérusalém, kota nu dipilih ku Yéhuwa ti antara kabéh kaom di Israél keur nempatkeun nami Anjeunna. Indungna Réhoboam téh Naama, urang Ammon. 22 Urang Yéhuda ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa. Dosa-dosa maranéhna leuwih piambekeun Anjeunna tibatan nu dilampahkeun ku karuhun-karuhunna. 23 Maranéhna terus ngabangun tempat-tempat pamujaan, pilar-pilar berhala,* jeung tihang-tihang berhala di unggal pasir* nu luhur jeung handapeun tangkal nu gomplok daunna. 24 Di éta nagri, aya ogé lalaki-lalaki anu jadi palacur kuil. Jalma-jalma di dinya ngalampahkeun sagala nu pikarujiteun nu dilampahkeun ku bangsa-bangsa, nu disingkirkeun ku Yéhuwa ti hareupeun Israél.
25 Dina taun kalima Raja Réhoboam maréntah, Syisyak raja Mesir datang merangan Yérusalém. 26 Manéhna ngajarah harta nu aya di imah Yéhuwa jeung di istana raja. Kabéh dicokot, kaasup taméng-taméng emas nu dijieun ku Sulaéman. 27 Jadi, kabéhanana ku Raja Réhoboam diganti ku taméng-taméng tambaga, tuluy dipercayakeun ka kapala-kapala pangawal nu ngajaraga lawang istana. 28 Unggal Raja datang ka imah Yéhuwa, éta taméng-taméng téh dibawa ku para pangawal, sanggeusna dipulangkeun deui ka rohangan para pangawal.
29 Riwayat Réhoboam, kaasup sagala nu dilampahkeunana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Yéhuda. 30 Réhoboam jeung Yéroboam téh teu eureun-eureun silih perangan. 31 Ahirna Réhoboam maot siga karuhunna, tuluy dikuburkeun bareng jeung karuhunna di Kota Daud. Ngaran indungna téh Naama, urang Ammon. Abiyam* anakna ngaganti manéhna jadi raja.