Raja-Raja nu Kahiji
16 Aya warta hukuman keur Baasya ti Yéhuwa nu ditepikeun ku Yéhu anak Hanani, kieu cenah, 2 ”Manéh téh tadina mah jalma nu rendah pisan, seug ku Kuring diangkat jadi pamingpin Israél umat Kuring. Tapi, manéh kalah ka terus nuturkeun kalakuan Yéroboam jeung ngadosakeun Israél umat Kuring, nepi ka dosa maranéhna nganyenyeri haté Kuring. 3 Ku kituna, Kuring bakal nyingkirkeun Baasya jeung kulawargana nepi ka teu nyésa, sakumaha nu dilampahkeun ku Kuring ka kulawargana Yéroboam anak Nébat. 4 Kulawargana Baasya nu paéh di kota bakal dihakanan ku anjing-anjing, jeung nu paéh luareun kota bakal béak ku manuk-manuk nu sok ngahakan bangké.”
5 Riwayat Baasya, kaasup nu dilampahkeunana jeung kahébatanana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Israél. 6 Geus kitu, Baasya maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di Tirza. Élah anakna ngaganti manéhna jadi raja. 7 Ku jalan Nabi Yéhu anak Hanani, Yéhuwa nepikeun warta hukuman ka Baasya jeung kulawargana. Éta téh lantaran sagala kajahatan nu dilakukeun ku Baasya hareupeun Yéhuwa. Manéhna nganyenyeri haté Anjeunna ku kalakuanana, sakumaha kulawargana Yéroboam. Salian ti éta, manéhna gé maéhan Nadab.
8 Dina taun ka-26 pamaréntahan Asa raja Yéhuda, Élah anak Baasya jadi raja Israél. Manéhna maréntah salila dua taun di Tirza. 9 Zimri, palayanna anu ngapalaan satengah pasukan karéta, sakongkol ngalawan manéhna. Harita, Élah téh keur aya di Tirza, keur nginum nepi ka mabok di imahna Arza, pangawas istana raja di Tirza. 10 Sup Zimri asup maéhan Élah. Geus kitu, manéhna ngaganti Élah jadi raja. Ieu téh kajadianana dina taun ka-27 pamaréntahan Asa raja Yéhuda. 11 Sanggeus diuk dina tahtana jeung jadi raja, Zimri langsung numpes kabéh kulawargana Baasya. Euweuh lalaki* nu diantep hirup, boh dulurna* boh babaturanana. 12 Zimri ngamusnakeun kabéh kulawarga Baasya, sakumaha nu diucapkeun ku Yéhuwa ngeunaan Baasya ku jalan Nabi Yéhu. 13 Ieu téh lantaran kabéh dosa nu dilakukeun ku Baasya jeung Élah anakna, sarta lantaran maranéhna nyasabkeun bangsa Israél sina marigawé dosa. Maranéhna nganyenyeri haté Yéhuwa ku nyembah berhala-berhala nu euweuh gunana. 14 Riwayat Élah, kaasup sagala nu dilampahkeunana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Israél.
15 Dina taun ka-27 pamaréntahan Asa raja Yéhuda, Zimri jadi raja salila tujuh poé di Tirza. Harita, pasukan Israél keur masang kémah rék nyerang Gibéton, kotana urang Filistin. 16 Teu lila, pasukan nu keur di pakémahan ngadéngé Zimri téh sakongkol jeung maéhan raja. Ku kituna, poé éta kénéh kabéh urang Israél ngangkat panglima Omri jadi raja Israél di pakémahan. 17 Omri jeung sakabéh urang Israél nu babarengan jeung manéhna arindit ti Gibéton tuluy ngepung Tirza. 18 Barang Zimri ningali éta kota geus direbut, manéhna abus ka munara nu dibénténgan di istana. Manéhna ngaduruk éta istana waktu manéhna di jero kénéh, jadi manéhna gé milu tiwas. 19 Éta bisa kajadian téh lantaran dosa nu dilampahkeun ku manéhna, nyaéta ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa lantaran nuturkeun kalakuan Yéroboam. Manéhna gé mangaruhan Israél sina marigawé dosa. 20 Riwayat Zimri, kaasup siasat jahatna, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Israél.
21 Basa éta téh bangsa Israél kabagi jadi dua pihak. Aya nu mihak ka Tibni anak Ginat lantaran hayang ngajadikeun manéhna raja, aya ogé nu mihak ka Omri. 22 Tapi, nu ngadukung Omri téh ngéléhkeun jalma-jalma nu ngadukung Tibni anak Ginat. Tungtungna Tibni maot, seug Omri jadi raja.
23 Dina taun ka-31 pamaréntahan Asa raja Yéhuda, Omri jadi raja Israél salila 12 taun. Manéhna maréntah salila genep taun di Tirza. 24 Omri meuli gunung Samaria ti Syémér, hargana téh kira-kira 68 kilo* pérak. Manéhna ngabangun kota di éta gunung. Kota nu dibangun ku manéhna téh dingaranan Samaria,* dicokot tina ngaran Syémér, nu ngapimilik* éta gunung. 25 Omri terus ngalakukeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa, kalakuanana téh leuwih parah tibatan jalma-jalma saacanna. 26 Manéhna terus nuturkeun kalakuan Yéroboam anak Nébat jeung nuturkeun dosa Israél nu dipangaruhan ku Yéroboam. Maranéhna nganyenyeri haté Yéhuwa Allah Israél ku nyembah berhala-berhala nu euweuh gunana. 27 Riwayat Omri, kaasup nu dilampahkeunana jeung kahébatanana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Israél. 28 Ahirna, Omri maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di Samaria. Ahab anakna ngaganti manéhna jadi raja.
29 Dina taun ka-38 pamaréntahan Asa raja Yéhuda, Ahab anak Omri jadi raja Israél. Manéhna maréntah di Samaria salila 22 taun. 30 Dina pandangan Yéhuwa, kalakuan Ahab anak Omri téh leuwih parah ti nu ti hareula. 31 Manéhna ngalampahkeun dosa kawas Yéroboam anak Nébat. Teu cukup kitu hungkul, manéhna gé kawin jeung Izebél anak Étbaal raja Sidon. Manéhna ngalalayanan sarta sujud ka Baal. 32 Terus, manéhna nyieun mézbah keur Baal di kuil Baal nu dibangun ku manéhna di Samaria. 33 Ahab gé nyieun tihang berhala. Kalakuan Ahab téh nganyenyeri haté Yéhuwa Allah Israél, leuwih-leuwih tibatan sakabéh raja Israél saacanna.
34 Dina jaman pamaréntahan Ahab, Hiél urang Bétel ngabangun deui Yérikho. Waktu manéhna masang pondasi keur éta kota, Abiram anak cikalna maot. Terus waktu manéhna masang panto-panto gerbangna, Ségub anak bungsuna maot. Ieu téh luyu jeung ucapan Yéhuwa nu ditepikeun ku jalan Yosua anak Nun.