Raja-Raja nu Kahiji
9 Sanggeus Sulaéman bérés ngabangun imah Yéhuwa, istana raja, jeung sakabéh nu dipikahayang ku manéhna, 2 Yéhuwa némbongan deui kadua kalina ka Sulaéman dina impian, kawas baréto di Gibéon. 3 Yéhuwa ngomong kieu, ”Doa jeung paménta manéh geus didéngé ku Kuring. Kuring geus nyucikeun éta imah sabab ngaran Kuring bakal terus aya di imah nu geus dibangun ku manéh. Kuring bakal merhatikeun jeung ngajaga éta imah salilana. 4 Salian ti éta, lamun manéh ngabakti ka Kuring ku sapinuhna haté jeung ku haté nu bener, sakumaha Daud bapa manéh, nyaéta ku ngajalankeun sagala paréntah Kuring sarta taat kana aturan jeung hukum Kuring, 5 tahta karajaan manéh di Israél bakal kukuh salilana, sakumaha jangji Kuring ieu ka Daud bapa manéh, ’Bakal terus aya turunan manéh nu diuk dina tahta Israél.’ 6 Tapi lamun manéh, rahayat manéh, jeung turunan manéh ninggalkeun Kuring, teu ngajalankeun paréntah jeung naon nu geus ditetepkeun ku Kuring, tuluy ngalalayanan sarta sujud ka allah-allah séjén, 7 Israél bakal dimusnakeun ti nagri nu geus dibikeun ku Kuring ka maranéhna. Imah nu geus disucikeun ku Kuring demi ngaran Kuring gé bakal disingkirkeun. Geus kitu, Israél sina dipoyok jeung dihina ku kabéh bangsa. 8 Ieu imah bakal jadi tumpukan ruruntuhan. Unggal jalma nu ngaliwat bakal gogodeg bari moyokan kieu, ’Ku naon ieu nagri jeung bangunan téh nepi ka dikieukeun ku Yéhuwa?’ 9 Tuluy maranéhna bakal ngomong kieu, ’Éta téh lantaran maranéhna geus ninggalkeun Yéhuwa Allahna, padahal karuhun maranéhna geus dibawa budal ti Mesir. Maranéhna kalah ka nuturkeun, nyembah, jeung ngalalayanan allah-allah séjén. Éta sababna ku Yéhuwa dikeunaan bahla.’”
10 Lilana Sulaéman ngabangun imah Yéhuwa jeung istana téh 20 taun. 11 Sanggeusna, Raja Sulaéman méré 20 kota di Galiléa ka Hiram raja Tirus. Éta téh lantaran Hiram geus méré kai aras, kai juniper, jeung emas nu lobana téh sakumaha nu dipikahayang Sulaéman. 12 Seug Hiram indit ti Tirus pikeun mariksa kota-kota nu dibikeun ku Sulaéman, tapi Hiram teu puas. 13 Ceuk manéhna, ”Ayi, naha jiga kieu geuning kota-kota nu dibikeun ka Akang téh?” Ku kituna, kota-kota éta dingaranan Tanah Kabul* nepi ka ayeuna. 14 Hiram geus méré emas 4.104 kilo* ka Sulaéman.
15 Jalma-jalma téh diwajibkeun gawé ku Raja Sulaéman pikeun ngabangun imah Yéhuwa, istana, Pasir,* témbok Yérusalém, Hazor, Mégido, jeung Gézér. 16 Baheula, Firaun raja Mesir ngarebut jeung ngaduruk Gézér, sarta maéhan urang Kanaan nu cicing di éta kota. Tuluy Gézér dibikeun ku Firaun ka anak awéwéna, nyaéta pamajikan Sulaéman, keur hadiah perkawinan. 17 Sulaéman ngabangun* Gézér, Bét-horon Handap, 18 Baalat, jeung Tamar. Tamar téh ayana di tanah gurun di éta nagri. 19 Sulaéman gé ngabangun kota-kota pagudangan, kota-kota pikeun nyimpen karéta, jeung kota-kota pikeun pasukan kuda. Salian ti éta, manéhna gé ngabangun sagala nu dipikahayang ku manéhna di Yérusalém, di Lébanon, jeung di sakuliah nagri nu dikawasaan ku manéhna. 20 Kabéh urang Amori, urang Hét, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus nu harirup kénéh, nu lain bagian ti urang Israél, 21 nyaéta turunan maranéhna nu teu bisa disingkirkeun ku urang Israél, diwajibkeun gawé ku Sulaéman. Malah, nepi ka ayeuna maranéhna masih kénéh jadi palayan. 22 Ari urang Israél mah teu aya nu dijadikeun palayan ku Sulaéman. Maranéhna dijadikeun prajurit, pagawé istana, pajabat, ajudan, panglima pasukan karéta, jeung panglima pasukan kuda. 23 Aya 550 pajabat daérah nu digawé keur Sulaéman. Maranéhna téh jadi mandor keur para pagawé.
24 Anak awéwéna Firaun pindah ti Kota Daud ka istana nu dibangun ku Sulaéman keur manéhna. Geus kitu, Sulaéman ngabangun Pasir.*
25 Tilu kali sataun, Sulaéman méré kurban beuleuman jeung kurban karukunan dina mézbah nu dibangun ku manéhna keur Yéhuwa. Manéhna gé meuleum kurban dina mézbah hareupeun Yéhuwa supaya haseupna ngebul. Kitu carana Sulaéman ngaréngsékeun pagawéan ngabangun imah Allah.
26 Salian ti éta, Raja Sulaéman nyieun loba kapal laut di Ézion-gébér deukeut Élot, di basisir Laut Beureum di tanah Édom. 27 Hiram ngutus palayan-palayanna, nyaéta para palautna nu pangalaman, pikeun digawé bareng jeung palayan-palayanna Sulaéman di kapal-kapal éta. 28 Geuleuyeur maranéhna balayar ka Ofir, balikna mawa emas 14.364 kilo* keur Raja Sulaéman.