Raja-Raja nu Kadua
12 Dina taun katujuh pamaréntahan Yéhu, Yéhoas jadi raja. Manéhna maréntah salila 40 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Zibia, asalna ti Béér-syéba. 2 Sapanjang Imam Yéhoyada hirup, Yéhoas terus dibingbing ku manéhna jeung terus ngalampahkeun nu bener dina pandangan Yéhuwa. 3 Tapi tempat-tempat pamujaan teu diancurkeun ku manéhna. Jalma-jalma masih kénéh ngurban di dinya supaya haseupna ngebul.
4 Yéhoas ngomong kieu ka para imam, ”Kumpulkeun kabéh sumbangan nu dibawa ka imah Yéhuwa keur pangbakti suci, nyaéta pajeg nu kudu dibayar ku unggal jalma, sumbangan anu diikrarkeun ku jalma-jalma, jeung sumbangan sukaréla nu dibawa ka imah Yéhuwa. 5 Sumbangan ti jalma-jalma* téh kudu langsung dikumpulkeun ku para imam. Engké duitna paké keur ngoméan sagala nu raruksak* di imah Allah.”
6 Tapi, nepi ka taun ka-23 pamaréntahan Raja Yéhoas, karuksakan di imah Allah téh can kénéh dioméan ku para imam. 7 Jadi, Imam Yéhoyada jeung para imam séjénna ku Raja Yéhoas dititah ngadep, seug Raja ngomong kieu, ”Nu raruksak di imah Allah téh ku naon can dioméan kénéh? Geus, ayeuna mah sumbangan-sumbangan téh ulah ditarima deui, kajaba mun rék dipaké keur ngoméan imah Allah.” 8 Harita para imam satujueun moal narima deui duit ti jalma-jalma sarta bakal leupas tina tanggung jawab sual ngoméan imah Allah.
9 Ti dinya, Imam Yéhoyada nyokot kotak, turubna diliangan, seug éta kotak diteundeun gigireun mézbah nu aya di katuhueun lawang asup imah Yéhuwa. Sakabéh duit nu dibawa ku jalma-jalma ka imah Yéhuwa téh ku para imam nu ngajaga panto diasupkeun kana éta kotak. 10 Lamun éta kotak geus loba eusina, sékertaris Raja jeung imam agung datang pikeun ngumpulkeun* jeung ngitung duit nu dibawa ka imah Yéhuwa. 11 Sanggeus diitung, duit téh dibikeun ka jalma-jalma nu ditugaskeun pikeun ngawaskeun pagawéan di imah Yéhuwa. Seug duitna dipaké keur mayar upah tukang kai jeung kuli bangunan nu digawé di imah Yéhuwa, 12 sarta keur mayar tukang batu jeung tukang motongan batu. Duitna gé dipaké keur meuli kai jeung batu potongan pikeun ngoméan nu raruksak di imah Yéhuwa. Salian ti éta, duit téh dipaké keur mayar rupa-rupa ongkos nu dikaluarkeun salila éta imah dioméan.
13 Duit nu dibawa ka imah Yéhuwa téh teu aya nu dipaké jang nyieun baskom pérak, alat paranti mareuman sumbu, mangkok, tarompét, atawa paparabotan emas atawa pérak jang di imah Yéhuwa. 14 Duit téh ngan dibikeun ka para pangawas, jeung engkéna dipaké keur ngoméan imah Yéhuwa. 15 Duitna gé ku para pangawas dibikeun ka para pagawé. Duit nu dipaké ku para pangawas téh moal dipariksa, sabab maranéhna bisa dipercaya. 16 Ari duit keur kurban kasalahan jeung duit keur kurban pangampura dosa mah henteu dibawa ka imah Yéhuwa, éta mah keur para imam.
17 Basa éta téh Hazaél raja Siria merangan Gat, seug ngarebut éta kota. Geus kitu, manéhna boga niat rék nyerang Yérusalém. 18 Jadi, Yéhoas raja Yéhuda ngumpulkeun kabéh pangbakti suci nu geus disucikeun ku raja-raja Yéhuda nu jadi karuhunna, nyaéta Yéhosyafat, Yéhoram, jeung Ahazia. Manéhna gé nyokot pangbakti sucina sorangan jeung kabéh emas nu aya di rohangan tempat nyimpen harta di imah Yéhuwa jeung di istana raja. Éta kabéh dibikeun ka Hazaél raja Siria. Ku kituna, Hazaél undur ti Yérusalém.
19 Riwayat Yéhoas, kaasup sagala nu dilampahkeunana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Yéhuda. 20 Tapi palayan-palayanna sakongkol rék barontak, seug Yéhoas dipaéhan di imah Pasir,* di jalan nu mudun ka Sila. 21 Palayan-palayan nu nyerang jeung maéhan manéhna téh nyaéta Yozakar anak Syiméat jeung Yéhozabad anak Syomér. Yéhoas dikuburkeun, ngahiji jeung karuhunna di Kota Daud. Amazia anakna ngaganti manéhna jadi raja.