Raja-Raja nu Kadua
16 Dina taun ka-17 pamaréntahan Pékah anak Rémalia, Ahaz anak Yotam raja Yéhuda jadi raja. 2 Basa jadi raja, Ahaz téh umur 20 taun. Manéhna maréntah salila 16 taun di Yérusalém. Manéhna henteu ngalampahkeun nu bener dina pandangan Yéhuwa Allahna, henteu kawas Daud karuhunna. 3 Manéhna kalah ka nuturkeun kalakuan raja-raja Israél. Malah budakna sorangan gé diduruk dijadikeun kurban, sakumaha kabiasaan bangsa-bangsa séjén nu pikageuleuheun, nu diusir ku Yéhuwa ti hareupeun urang Israél. 4 Di tempat-tempat pamujaan, di pasir-pasir,* jeung handapeun unggal tangkal nu gomplok daunna, manéhna terus ngurban supaya haseupna ngebul.
5 Basa éta, Rézin raja Siria jeung Pékah anak Rémalia raja Israél datang rék merangan Yérusalém. Maranéhna ngepung éta kota, tapi éta kota teu bisa direbut. 6 Harita téh Rézin raja Siria ngarebut Élat ti Yéhuda pikeun dijadikeun milik Édom. Ti dinya, urang Yahudi* ku manéhna diusiran ti Élat. Geus kitu, urang Édom datang ka Élat tuluy nyicingan éta kota nepi ka ayeuna. 7 Jadi, Ahaz ngirim utusan ka Tiglat-pilésér raja Asiria. Manéhna méré pesen kieu, ”Abdi téh palayan sarta putra anjeun. Geura sumping, salametkeun abdi ti raja Siria jeung raja Israél nu nyerang abdi.” 8 Geus kitu, Ahaz nyokot pérak jeung emas nu aya di imah Yéhuwa jeung di rohangan tempat nyimpen harta di istana, tuluy éta kabéh dikirim ka raja Asiria jadi panyogok. 9 Paméntana ku raja Asiria dicumponan. Manéhna indit ka Damaskus. Éta kota direbut, tuluy jalma-jalmana diboyong ka Kir jeung dijadikeun tawanan, ari Rézin mah dipaéhan.
10 Raja Ahaz indit ka Damaskus rék manggihan Tiglat-pilésér raja Asiria. Barang ningali mézbah di Damaskus, Raja Ahaz ngirim rarancang éta mézbah ka Imam Uriya, eusina téh gambar jeung carana éta mézbah dijieun. 11 Seug Uriya nyieun mézbah, luyu jeung pituduh nu dikirim ti Damaskus ku Raja Ahaz. Saacan Raja Ahaz balik ti Damaskus, éta mézbah geus anggeus. 12 Waktu Raja balik ti Damaskus sarta nempo éta mézbah, manéhna ngadeukeutan mézbah tuluy ngurban di dinya. 13 Dina mézbah, manéhna terus ngabaktikeun kurban beuleuman jeung kurban kadaharan. Manéhna gé ngucurkeun kurban inuman jeung ngéprét-ngéprétkeun getih tina kurban karukunan kana mézbah. 14 Tuluy mézbah tambaga nu aya di hareupeun Yéhuwa, nyaéta di antara imah Yéhuwa jeung mézbah anyar, ku manéhna dipindahkeun ti hareupeun éta imah ka kaléreun mézbah anyar. 15 Raja Ahaz méré paréntah kieu ka Imam Uriya, ”Kurban beuleuman isuk, kurban kadaharan pasosoré, kurban beuleuman jeung kurban kadaharan ti Raja, kitu deui kurban beuleuman, kurban kadaharan, jeung kurban inuman ti rahayat kudu dikurbankeun dina mézbah nu gedé. Geus kitu, képrét-képrétkeun kabéh getih tina kurban beuleuman jeung kurban-kurban séjénna kana mézbah. Ari mézbah tambaga mah keun wéh heula, engké ku urang dipikirkeun.” 16 Prak éta kabéh dilampahkeun ku Imam Uriya, sakumaha paréntah Raja Ahaz.
17 Salian ti éta, Raja Ahaz motongan pelat-pelat tambaga nu aya dina unggal sisi gorobag-gorobag. Jolangna gé diturun-turunkeun ku manéhna, ari Laut Tambaga mah diturunkeun tina sasapian tambaga anu nyangga éta Laut tuluy diteundeun dina lanté batu. 18 Tempat nu dihateupan dina imah Allah, nu biasa dipaké dina poé Sabat, ku manéhna dibongkar. Jalan asup raja ka imah Yéhuwa gé ku manéhna ditutup. Éta téh pédah manéhna sieun ka raja Asiria.
19 Riwayat Ahaz, kaasup nu dilampahkeunana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Yéhuda. 20 Ahirna, Ahaz maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun, ngahiji jeung karuhunna di Kota Daud. Hizkia* anakna ngaganti manéhna jadi raja.