Raja-Raja nu Kadua
25 Dina taun kasalapan pamaréntahan Zédékia, nyaéta dina poé kasapuluh bulan kasapuluh, Nébukhadnézar+ raja Babilon bareng jeung pasukanna datang nyerang Yérusalém.+ Manéhna masang kémah hareupeun Yérusalém jeung ngawangun témbok di sakurilingna pikeun ngepung éta kota.+ 2 Éta kota dikepung nepi ka taun ka-11 pamaréntahan Raja Zédékia. 3 Dina poé kasalapan bulan kaopat, waktu aya kalaparan nu hébat+ di kota jeung jalma-jalma teu baroga dahareun,+ 4 témbok kota dibobol.+ Peutingna, waktu kota dikepung kénéh ku urang Khaldéa, kabéh prajurit kabur ngaliwatan gerbang di antara témbok lapis dua, nu aya di deukeut taman raja. Ari Raja mah kabur ka arah Araba.+ 5 Tapi, Raja diudag ku pasukan Khaldéa. Manéhna kasusul di Gurun Keusik Yérikho sarta ditinggalkeun ku pasukanna sorangan. 6 Raja Zédékia ditéwak+ tuluy dibawa ka raja Babilon di Ribla. Di ditu manéhna dihukum. 7 Barudakna nu lalaki dipareuncitan, disaksian ku manéhna sorangan. Geus kitu, panon Zédékia dilolongan ku Nébukhadnézar, tuluy manéhna diranté ku ranté tambaga sarta dibawa ka Babilon.+
8 Dina poé katujuh bulan kalima, nyaéta dina taun ka-19 pamaréntahan Nébukhadnézar raja Babilon, hiji palayan raja, nyaéta Nébuzaradan+ kapala pangawal, datang ka Yérusalém.+ 9 Manéhna ngaduruk bumina Yéhuwa,+ istana raja,+ jeung kabéh imah nu aya di Yérusalém.+ Kabéh imah jalma penting gé béak diduruk.+ 10 Témbok-témbok di sakuriling Yérusalém diruntuhkeun ku kabéh pasukan Khaldéa, sakumaha nu diparéntahkeun ku Nébuzaradan kapala pangawal téa.+ 11 Rahayat nu nyésa kénéh di éta kota, jalma-jalma nu bélot ka raja Babilon, jeung kabéh penduduk séjénna ku Nébuzaradan kapala pangawal téa diboyong kabéh.+ 12 Anu disésakeun ku manéhna téh ngan sawaréh ti jalma-jalma nu pangmalaratna. Maranéhna dititah digarawé di kebon anggur jeung ngolah tanah.+ 13 Urang Khaldéa ngancurkeun pilar-pilar tambaga+ nu aya di bumina Yéhuwa, kitu deui gorobag-gorobag,+ jeung Laut Tambaga+ nu aya di bumina Yéhuwa. Geus kitu, tambagana diakutan ka Babilon.+ 14 Maranéhna gé nyokotan wadah paranti lebu, singkup, alat paranti mareuman seuneu dina sumbu, cangkir, jeung kabéh parabot tambaga nu dipaké di bait. 15 Nébuzaradan kapala pangawal téa nyokot wadah ruhak sarta mangkok-mangkok tina emas+ jeung pérak murni.+ 16 Ari tambaga tina dua pilar, tina Laut Tambaga, jeung tina gorobag-gorobag nu dijieun ku Sulaéman keur bumina Yéhuwa mah teu bisa ditimbang bakating ku loba-lobana.+ 17 Unggal pilar téh jangkungna 18 hasta.*+ Mamakutaanana dijieun tina tambaga, jangkungna 3 hasta. Jaring jeung dadalimaan di sakuriling mamakutaan dijieun tina tambaga.+ Dua pilar éta sarua percis.
18 Éta kapala pangawal néwak Séraya+ imam kapala, Zéfanya+ nu mantuan imam kapala, jeung tilu tukang jaga panto.+ 19 Ari di kota, nu ditéwak téh hiji pajabat istana nu ngapalaan para prajurit, lima jurunaséhat pribadi raja, hiji sékertaris panglima nu ngasup-ngasupkeun jalma jadi prajurit, jeung 60 jalma biasa nu aya di kota. 20 Maranéhna dibawa ku Nébuzaradan+ kapala pangawal téa ka raja Babilon di Ribla.+ 21 Maranéhna kabéh dipaéhan ku raja Babilon di Ribla di tanah Hamat.+ Tah, kitu caritana kumaha urang Yéhuda diboyong ti nagrina.+
22 Nébukhadnézar raja Babilon ngangkat Gédalia+ anak Ahikam+ incu Syafan+ pikeun jadi pangawas keur jalma-jalma nu ditinggalkeun di tanah Yéhuda.+ 23 Barang ngadéngé yén raja Babilon geus ngangkat Gédalia, para panglima jeung pasukanna langsung ngadatangan Gédalia di Mizpa. Ngaran para panglima éta téh nyaéta Ismail anak Nétania, Yohanan anak Karéah, Séraya anak Tanhumét urang Nétofa, jeung Yaazania anak urang Maakat.+ 24 Gédalia sumpah ka maranéhna jeung pasukanna, kieu cenah, ”Tong sieun jadi palayanna urang Khaldéa. Sok matuh di ieu tanah jeung tunduk ka raja Babilon. Aranjeun tangtu bakal hirup tenang.”+
25 Dina bulan katujuh, Ismail+ anak Nétania incu Élisyama, nu kaasup kulawarga raja, datang ka Mizpa bareng jeung sapuluh jalma séjénna. Maranéhna maéhan Gédalia, sarta kabéh urang Yahudi jeung urang Khaldéa nu harita keur bareng jeung Gédalia.+ 26 Kabéh jalma, ti nu ngora nepi ka nu kolot, kaasup para panglima, kalabur ka Mesir+ da sarieuneun ku urang Khaldéa.+
27 Dina taun Éwil-mérodakh jadi raja Babilon, Yéhoyakhin+ raja Yéhuda dibébaskeun ti panjara ku raja Babilon. Manéhna dibébaskeun téh dina poé ka-27 bulan ka-12, nyaéta taun ka-37 ti saprak Yéhoyakhin diboyong ti Yéhuda.+ 28 Éwil-mérodakh téh bageur ka Yéhoyakhin, nepi ka Yéhoyakhin dibéré pangkat nu leuwih luhur tibatan raja séjénna nu diboyong bareng jeung manéhna ka Babilon. 29 Jadi, Yéhoyakhin ngalaanan baju panjarana. Saumur hirupna, manéhna dahar saméja jeung Raja. 30 Sapanjang hirup, manéhna dibéré dahareun ku Raja unggal poé.