Ézra
3 Dina bulan katujuh sanggeus urang Israél maratuh di kotana masing-masing, maranéhna karumpul di Yérusalém. 2 Yésyua anak Yéhozadak bareng jeung para imam séjénna, sarta Zérubabél anak Syéaltiél bareng jeung dulur-dulurna, ngawangun mézbah keur Allah Israél. Ku kituna, maranéhna bisa ngabaktikeun kurban beuleuman dina éta mézbah, sakumaha nu ditulis dina Hukum Musa, hamba ti Allah nu sajati.
3 Najan sieun ku penduduk di nagri-nagri sabudeureunana, maranéhna ngawangun deui éta mézbah di tempat urutna baheula. Tuluy dina éta mézbah, maranéhna ngabaktikeun kurban beuleuman ka Yéhuwa saban isuk jeung saban soré. 4 Geus kitu, maranéhna ngayakeun Perayaan Saung Daun, nurutkeun nu ditulis dina Hukum. Saban poé maranéhna ngabaktikeun kurban beuleuman nurutkeun jumlah nu geus ditangtukeun. 5 Ti dinya, maranéhna ngabaktikeun kurban beuleuman rutin sarta kurban pikeun bulan anyar jeung pikeun perayaan suci keur Yéhuwa. Aya ogé nu ngabaktikeun kurban sukaréla keur Yéhuwa. 6 Ti saprak poé kahiji bulan katujuh, maranéhna ngabaktikeun kurban beuleuman ka Yéhuwa, sanajan pondasi bait Yéhuwa can dipasang.
7 Maranéhna mayar tukang motong batu jeung tukang nu arahli. Maranéhna gé méré kadaharan, inuman, jeung minyak ka urang Sidon jeung urang Tirus pikeun ditukeuran ku kai-kai aras. Kai-kaina dikirim ti Lébanon ka Yopa liwat laut. Éta kabéh geus diidinan ku Korés raja Pérsia.
8 Dina taun kadua sanggeus maranéhna nepi ka bumina Allah nu sajati di Yérusalém, dina bulan kadua, Zérubabél anak Syéaltiél, Yésyua anak Yéhozadak, jeung dulur-dulur maranéhna, nyaéta para imam, urang Léwi, sarta sakabéh nu marulang ka Yérusalém ti pangbuangan, prak digawé. Maranéhna nugaskeun urang Léwi nu umurna 20 taun ka luhur pikeun ngawaskeun pangwangunan bumina Yéhuwa. 9 Jadi Yésyua, anak-anak lalakina jeung dulur-dulur lalakina, sarta Kadmiél jeung anak-anak lalakina, nyaéta turunan Yéhuda,* bareng jeung turunan Hénadad, anak-anak lalakina jeung dulur-dulur lalakina, nu kaasup urang Léwi ogé, babarengan ngawaskeun pangwangunan di bumina Allah nu sajati.
10 Sanggeus para pagawé bérés masang pondasi bait Yéhuwa, para imam maraké baju kaimaman sarta marawa tarompét, ari urang Léwi turunan Asaf mah marawa simbal. Kabéhanana ngadeg muji Yéhuwa, nurutkeun aturan nu geus ditetepkeun ku Daud, raja Israél. 11 Maranéhna nyanyi patémbal-témbal pikeun muji jeung ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa, ”sabab Anjeunna téh bageur, asih satia-Na ka Israél aya keur salalanggengna”. Ger éta bangsa surak muji Yéhuwa sabab pondasi bumina Yéhuwa geus dipasang. 12 Loba imam, urang Léwi, sarta pamingpin kulawarga pihak bapa careurik mani tarik waktu ningali pondasi bait bérés dipasang. Maranéhna téh jalma-jalma nu geus kolot, nu pernah ningali bait nu ti heula. Ari nu séjénna sarurak gumbira satarik-tarikna. 13 Sora nu ceurik jeung nu surak téh geus teu bisa dibédakeun. Sora maranéhna kacida tarikna, kadéngé nepi ka jauh.