Ézra
6 Harita, Raja Darius méré paréntah pikeun mariksa catetan nu aya di tempat nyimpen harta di Babilon. 2 Tuluy aya gulungan nu kapanggih di bénténg Ékbatana, di Propinsi Média. Dina éta gulungan aya tulisan kieu:
3 ”Dina taun kahiji pamaréntahan Raja Korés, Raja Korés méré paréntah kieu ngeunaan bumina Allah di Yérusalém: ’Éta bumi kudu diwangun deui, supaya maranéhna bisa ngurban di dinya. Pondasi-pondasina kudu dipasang, jangkungna 27 méter, lébarna 27 méter.* 4 Témbokna kudu dijieun tina batu nu garedé tilu lapis jeung kai salapis. Sakabéh ongkosna bakal dibayar ku karajaan. 5 Salian ti éta, barang-barang tina emas jeung pérak nu dibawa ku Nébukhadnézar ti bumina Allah di Yérusalém ka Babilon kudu dipulangkeun. Barang-barang éta kudu disimpen di tempat asalna, di bumina Allah di Yérusalém.’
6 ”Jadi Taténai, gubernur wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat,* sarta Syétar-bozénai jeung balad-balad maranéh, nyaéta wakil-wakil gubernur wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat, ulah pipilueun urusan maranéhna. 7 Ulah ngaganggu pangwangunan bumina Allah. Gubernur Yahudi jeung para kokolot Yahudi bakal ngawangun deui bumina Allah di tempat urutna baheula. 8 Kuring gé méré paréntah ka maranéh pikeun ngabantu para kokolot Yahudi nu keur ngawangun deui bumina Allah. Cokot duit tina dana karajaan jeung tina pajeg nu dikumpulkeun di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat, tuluy bikeun duitna ka maranéhna supaya pagawéan téh ulah katunda. 9 Sadiakeun sagala kaperluan maranéhna unggal poé, saperti sapi jalu ngora, domba jalu, jeung anak domba keur kurban beuleuman kanggo Allah nu ngawasaan sorga, sarta sadiakeun gandum, uyah, cianggur, jeung minyak, sakumaha paménta para imam di Yérusalém. 10 Ku kituna, maranéhna bisa terus ngabaktikeun kurban nu nyukakeun Allah nu ngawasaan sorga sarta bisa ngadoakeun Raja jeung putra-putrana supaya rahayu. 11 Kuring gé geus ngaluarkeun paréntah: Saha waé nu ngalanggar ieu paréntah bakal dipaku dina tihang kai nu dicabut ti imahna. Ari imahna bakal dijadikeun jamban* lantaran manéhna ngalanggar ieu paréntah. 12 Mugia Allah, nu geus milih éta tempat pikeun nami-Na, nyingkirkeun raja jeung bangsa mana waé nu ngalanggar ieu paréntah sarta nu nyoba ngancurkeun bumina Allah nu aya di Yérusalém. Kuring, Darius, nu méré ieu paréntah. Gancang laksanakeun.”
13 Ti dinya Taténai, gubernur di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat, sarta Syétar-bozénai jeung balad-baladna langsung ngalaksanakeun sagala nu diparéntahkeun ku Raja Darius. 14 Para kokolot Yahudi neruskeun pangwangunan, sarta pagawéanana lancar. Maranéhna jadi sumanget ku lantaran ramalan* Nabi Hagai jeung Nabi Zakharia incu Ido. Maranéhna ngaréngsékeun pangwangunan sajalan jeung paréntah Allah Israél sarta paréntah Korés, Darius, jeung Artahsasta raja Pérsia. 15 Éta bumi réngsé diwangun dina poé katilu bulan Adar,* taun kagenep pamaréntahan Raja Darius.
16 Geus kitu urang Israél, para imam, urang Léwi, jeung sakabéh jalma nu baralik ti pangbuangan di Babilon ngaresmikeun bumina Allah bari saruka bungah. 17 Pikeun ngaresmikeun bumina Allah, maranéhna ngabaktikeun 100 sapi jalu, 200 domba jalu, jeung 400 anak domba. Maranéhna gé ngabaktikeun 12 embé jalu pikeun jadi kurban pangampura dosa keur sakabéh urang Israél, hiji embé keur tiap-tiap kaom Israél. 18 Maranéhna gé ngalantik para imam jeung urang Léwi nurutkeun kelompokna pikeun ngalalayanan Allah di Yérusalém, saluyu jeung katangtuan nu ditulis dina kitab Musa.
19 Jalma-jalma nu baralik ti pangbuangan téh ngayakeun Paskah dina poé ka-14 bulan ka-1. 20 Para imam jeung urang Léwi kabéhanana nyucikeun diri. Sanggeus kitu, maranéhna meuncitan kurban Paskah keur sakabéh jalma nu baralik ti pangbuangan, keur sasama imam, jeung keur maranéhna sorangan. 21 Tuluy, urang Israél nu baralik ti pangbuangan ngadahar éta kurban bareng jeung jalma-jalma nu ngagabung jeung maranéhna pikeun nyembah ka Yéhuwa Allah Israél. Éta jalma-jalma téh geus naringgalkeun kabiasaan najis nu dilampahkeun ku bangsa-bangsa séjén di éta tanah. 22 Maranéhna saruka bungah ngayakeun Perayaan Roti nu Teu Diragian salila tujuh poé. Yéhuwa méré kabagjaan ka maranéhna. Anjeunna gé ngageuing haté raja Asiria* pikeun mikaresep maranéhna sarta ngabantu pangwangunan bumina Allah nu sajati, Allah Israél.