Ézra
7 Sanggeus éta kabéh kajadian, waktu Artahsasta jadi raja Pérsia, Ézra balik ti Babilon. Manéhna téh anakna Séraya, Séraya téh anakna Azaria, Azaria téh anakna Hilkia, 2 Hilkia téh anakna Syalum, Syalum téh anakna Zadok, Zadok téh anakna Ahitub, 3 Ahitub téh anakna Amaria, Amaria téh anakna Azaria, Azaria téh anakna Mérayot, 4 Mérayot téh anakna Zérahia, Zérahia téh anakna Uzi, Uzi téh anakna Buki, 5 Buki téh anakna Abisyua, Abisyua téh anakna Pinéhas, Pinéhas téh anakna Éléazar, Éléazar téh anakna Imam Kapala Harun. 6 Ézra balik ti Babilon. Manéhna téh tukang nyalin* nu ahli dina Hukum Musa, nyaéta Torét nu dibikeun ku Yéhuwa Allah Israél. Kabéh paméntana dikabul ku Raja, sabab manéhna disarengan ku* Yéhuwa Allahna.
7 Sababaraha urang Israél, imam, urang Léwi, jurukawih, tukang jaga gerbang, jeung palayan bait* téh marulang ka Yérusalém dina taun katujuh pamaréntahan Raja Artahsasta. 8 Ari Ézra datang mah ka Yérusalém dina bulan kalima taun katujuh pamaréntahan Raja. 9 Dina poé kahiji bulan kahiji, manéhna indit ti Babilon. Tuluy dina poé kahiji bulan kalima, manéhna nepi ka Yérusalém sabab disarengan ku Allahna. 10 Ézra geus nyiapkeun haténa* pikeun diajar Hukum Yéhuwa jeung ngajalankeunana, sarta pikeun ngajarkeun aturan jeung katangtuan éta hukum di Israél.
11 Ieu salinan surat ti Raja Artahsasta keur Ézra, nu jadi imam jeung tukang nyalin,* nu ahli dina* hukum jeung aturan Yéhuwa nu dibikeun ka urang Israél:
12 * ”Ti Artahsasta, raja sagala raja, ka Imam Ézra tukang nyalin* Hukum ti Allah nu ngawasaan sorga: Wilujeng! 13 Kuring ngaluarkeun paréntah yén sakabéh urang Israél, imam, jeung urang Léwi nu aya di wilayah kuring nu harayang mulang ka Yérusalém ku kuring diidinan milu jeung manéh. 14 Manéh diutus ku Raja jeung tujuh juru naséhatna pikeun mariksa yén Hukum Allah nu dipercayakeun ka manéh téh dijalankeun di Yéhuda jeung Yérusalém. 15 Bawa emas jeung pérak nu sukaréla disumbangkeun ku Raja jeung jurunaséhatna keur Allah Israél nu aya di Yérusalém. 16 Bawa ogé sakabéh pérak jeung emas nu ditarima ku manéh ti sakuliah propinsi Babilon sarta sumbangan sukaréla ti rahayat jeung para imam pikeun bumina Allah maranéhna nu aya di Yérusalém. 17 Duitna langsung beulikeun sapi jalu, domba jalu, anak domba, sarta kurban kadaharan jeung kurban inumanana. Baktikeun éta kabéh dina mézbah di bumina Allah manéh nu aya di Yérusalém.
18 ”Pérak jeung emas nu sésana meunang dipaké keur naon baé nu ceuk manéh jeung dulur-dulur téh hadé, asal cocog jeung kahayang Allah maranéh. 19 Sakabéh barang nu dipasrahkeun ka manéh pikeun palayanan di bumina Allah manéh kudu dibawa ka hareupeun Allah di Yérusalém. 20 Lamun aya kénéh kaperluan pikeun bumina Allah, pék cokot tina dana karajaan.
21 ”Kuring, Raja Artahsasta, geus méré paréntah ka sakabéh bendahara di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat* yén naon waé nu dipénta ku Imam Ézra, tukang nyalin* Hukum ti Allah nu ngawasaan sorga, kudu gancang dicumponan. 22 Maranéh meunang méré pérak 3.420 kilo,* gandum 22.000 liter,* cianggur 2.200 liter,* jeung minyak 2.200 liter ka Ézra, tapi ulah leuwih ti éta. Ari uyah mah béré wéh sakumaha perluna. 23 Sagala paréntah ti Allah nu ngawasaan sorga ngeunaan bumi-Na kudu dijalankeun sing sumanget, supaya Anjeunna teu bendu ka jalma-jalma di wilayah karajaan Raja jeung ka anak-anakna. 24 Maranéh dilarang narik pajeg* ti para imam, urang Léwi, jurukawih, tukang jaga gerbang, palayan bait,* jeung saha waé nu digawé di bumina Allah.
25 ”Ari manéh, Ézra, gunakeun kabijaksanaan ti Allah pikeun ngangkat para pajabat pangadilan jeung para hakim nu bakal ngaadilan sakabéh penduduk di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat, nyaéta nu nyaho kana hukum-hukum Allah manéh. Lamun aya nu can nyaho kana éta hukum, sok ajar ku maranéh. 26 Saha waé nu teu ngajalankeun Hukum Allah jeung hukum Raja kudu geura dihukum, rék dipaéhan, diusir, didengda, atawa dipanjara.”
27 Sagala puji ka Yéhuwa, Allah karuhun abdi sadaya, nu tos ngagerakkeun haté raja pikeun ngaalusan bumina Yéhuwa di Yérusalém. 28 Anjeunna tos némbongkeun asih satia ka abdi di payuneun Raja, jurunaséhatna, jeung para pajabatna. Abdi jadi wani* ku lantaran disarengan ku Yéhuwa Allah abdi. Tuluy, abdi ngajak para pamingpin Israél pikeun mulang jeung abdi.