Ézra
8 Aya para pamingpin kulawarga pihak bapa nu indit bareng jeung abdi ti Babilon dina jaman Raja Artahsasta maréntah. Ieu daptar ngaran maranéhna nurutkeun kulawargana masing-masing: 2 Ti kulawarga Pinéhas: Gérsyom. Ti kulawarga Itamar: Daniél. Ti kulawarga Daud: Hatus. 3 Ti kulawarga Syékania jeung kulawarga Paros: Zakharia jeung 150 lalaki séjén nu didaptar bareng jeung manéhna. 4 Ti kulawarga Pahat-moab: Éliého-énai anak Zérahia jeung 200 lalaki séjén. 5 Ti kulawarga Zatu: Syékania anak Yahaziél jeung 300 lalaki séjén. 6 Ti kulawarga Adin: Ébéd anak Yonatan jeung 50 lalaki séjén. 7 Ti kulawarga Élam: Yésyaya anak Atalia jeung 70 lalaki séjén. 8 Ti kulawarga Syéfatia: Zébadia anak Mikhaél jeung 80 lalaki séjén. 9 Ti kulawarga Yoab: Obaja anak Yéhiél jeung 218 lalaki séjén. 10 Ti kulawarga Bani: Syélomit anak Yosifia jeung 160 lalaki séjén. 11 Ti kulawarga Bébai: Zakharia anak Bébai jeung 28 lalaki séjén. 12 Ti kulawarga Azgad: Yohanan anak Hakatan jeung 110 lalaki séjén. 13 Jalma-jalma nu pangpandeurina baralik ti kulawarga Adonikam: Élifélét, Yéiél, Syémaya, jeung 60 lalaki séjén. 14 Ti kulawarga Bigwai: Utai, Zabbud, jeung 70 lalaki séjén.
15 Abdi ngumpulkeun maranéhna di deukeut walungan nu ngocor ka Ahawa, tuluy urang masang kémah jeung matuh di dinya salila tilu poé. Tapi waktu abdi merhatikeun jalma-jalma jeung para imam, geuning euweuh hiji-hiji acan urang Léwi di antara maranéhna. 16 Jadi, abdi ngageroan para pamingpin, nyaéta Éliézér, Ariél, Syémaya, Élnatan, Yarib, Élnatan, Natan, Zakharia, jeung Mésyulam, sarta dua urang guru, nyaéta Yoyarib jeung Élnatan. 17 Tuluy, abdi nitah maranéhna indit manggihan Ido, pamingpin di tempat nu ngaranna Kasifia. Abdi nitah maranéhna ménta ka Ido jeung ka dulur-dulur lalakina, nyaéta turunan para palayan bait* di Kasifia, sina ngutus jalma-jalma pikeun ngalalayanan di bumina Allah abdi sadaya. 18 Ku lantaran* Allah nyarengan abdi sadaya, maranéhna mawa Syérébia, nyaéta jalma nu bijaksana ti kulawarga Mahli incu Léwi. Léwi téh anakna Israél. Syérébia datang bareng jeung anak-anak lalaki sarta dulur-dulur lalakina, kabéhanana aya 18 urang. 19 Aya ogé Hasyabia jeung Yésyaya ti kulawarga Mérari, bareng jeung dulur-dulur lalaki sarta anak-anak lalakina, kabéhanana aya 20 urang. 20 Salian ti éta, aya 220 palayan bait* nu ngaranna geus didaptar. Baheula, éta para palayan bait téh ku Daud jeung para pajabatna ditugaskeun pikeun mantuan urang Léwi.
21 Geus kitu, abdi ngumumkeun puasa di Walungan Ahawa, tujuanana pikeun ngarendahkeun diri di payuneun Allah, pikeun ménta bingbingan salila perjalanan, sarta pikeun ménta panangtayungan keur abdi sadaya, barudak, jeung barang-barang. 22 Abdi éra ménta prajurit sarta pasukan kuda ka Raja pikeun ngajaga abdi sadaya ti musuh-musuh di sapanjang jalan, sabab saacanna abdi sadaya ngomong kieu ka Raja, ”Allah* abdi sadaya bakal nyarengan jalma-jalma nu percaya ka Anjeunna, tapi bakal némbongkeun kakuatan sarta amarah-Na ka jalma-jalma nu ninggalkeun Anjeunna.” 23 Jadi, abdi sadaya puasa sarta ménta bingbingan ti Allah, seug ku Anjeunna didangukeun.
24 Ti dinya, abdi milih 12 imam kapala, nyaéta Syérébia, Hasyabia, jeung sapuluh dulur maranéhna. 25 Abdi nimbang pérak, emas, jeung barang-barang, nyaéta sumbangan keur bumina Allah abdi sadaya ti Raja, juru-juru naséhatna, para pajabatna, sarta sakabéh urang Israél di ditu, tuluy ku abdi dipasrahkeun ka maranéhna. 26 Nu ditimbang ku abdi sarta dipasrahkeun ka maranéhna téh pérak kira-kira 22 ton,* 100 barang tina pérak nu beuratna kira-kira 68 kilo,* emas 3.420 kilo,* 27 20 mangkok leutik tina emas nu hargana 1.000 duit emas,* jeung 2 barang tina tambaga murni nu hérang, nu alus kawas emas.
28 Geus kitu abdi ngomong kieu, ”Aranjeun téh suci kanggo Yéhuwa, kitu deui barang-barang ieu. Pérak jeung emas ieu téh sumbangan sukaréla kanggo Yéhuwa, Allah karuhun aranjeun. 29 Sing ati-ati ngajaga ieu kabéh nepi ka ditimbang di hareup para imam kapala, urang Léwi, jeung para pamingpin kulawarga pihak bapa ti urang Israél di Yérusalém, di rohangan-rohangan* di bumina Yéhuwa.” 30 Seug éta pérak, emas, jeung barang-barang nu geus ditimbang téh ditarima ku para imam jeung urang Léwi tuluy dibawa ka Yérusalém, ka bumina Allah abdi sadaya.
31 Tungtungna, dina poé ka-12 bulan ka-1, abdi sadaya indit ti Walungan Ahawa ka Yérusalém. Abdi sadaya disarengan ku Allah abdi sadaya, dijaga ti musuh-musuh sarta ti rampog di sapanjang jalan. 32 Abdi sadaya nepi ka Yérusalém sarta matuh di dinya salila tilu poé. 33 Dina poé kaopat, di bumina Allah abdi sadaya, abdi sadaya nimbang pérak, emas, jeung barang-barang, seug dipasrahkeun ka Imam Mérémot anak Uriya. Di dinya gé aya Éléazar anak Pinéhas jeung urang Léwi, nyaéta Yozabad anak Yésyua jeung Noadia anak Binui. 34 Kabéhanana diitung jeung ditimbang, beuratna gé dicatet. 35 Jalma-jalma nu marulang ti pangbuangan di nagri asing téh ngabaktikeun kurban beuleuman ka Allah Israél, nyaéta 12 sapi jalu keur sakabéh urang Israél, 96 domba jalu, 77 anak domba jalu, jeung 12 embé jalu pikeun jadi kurban pangampura dosa. Kabéhanana téh kurban beuleuman kanggo Yéhuwa.
36 Ti dinya, abdi sadaya nepikeun putusan Raja ka para kapala gubernur* jeung para gubernur di wilayah Peuntaseun Walungan Éfrat.* Maranéhna ngadukung ieu bangsa sarta méré naon waé nu diperlukeun di bumina Allah nu sajati.