Éster
10 Raja Ahaswéros ngawajibkeun gawé paksa ka rahayatna di sakuliah nagri jeung di pulo-pulo.
2 Sagala tindakan Mordekai nu hébat jeung matak tajub, kitu deui catetan lengkep ngeunaan kaagungan manéhna sanggeus dipunjulkeun ku Raja, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Média jeung Pérsia. 3 Mordekai urang Yahudi téh jalma nu pangpentingna sahandapeun Raja Ahaswéros. Manéhna dipunjulkeun jeung dihormat ku urang Yahudi. Sagala nu dilampahkeun ku manéhna téh demi kahadéan bangsana jeung katengtreman turunan maranéhna.