Ayub
13 ”Éta kabéh geus kasaksian ku urang.
Urang geus ngadéngé jeung ngarti kabéhanana.
2 Kanyaho maranéh téh nya kanyaho urang kénéh,
Teu éléh urang ku maranéh mah.
3 Tapi tibatan paréa-réa omong jeung maranéh, leuheung kénéh urang nyarita ka Nu Mahakawasa.
Urang rék ngabéla perkara urang di hareupeun Allah.
4 Gara-gara maranéh ngabohong, ngaran urang jadi goréng.
Maranéh kabéh téh tabib nu euweuh gunana.
5 Coba mun maranéh jempé,
Pasti katémbong maranéh téh bijaksana.
6 Sok atuh déngékeun alesan urang,
Perhatikeun jawaban urang.
7 Maranéh rék ngabohong bari mamawa ngaran Allah?
Maranéh rék nipu bari mamawa ngaran Anjeunna?
8 Maranéh rék mihak ka Anjeunna
Sarta ngabéla perkarana Allah nu bener?
9 Mun dipariksa ku Anjeunna, aya kitu nu hadé dina diri maranéh?
Maranéh téh rék ngabobodo Anjeunna kawas ngabobodo manusa?
10 Maranéh pasti bakal dicarékan ku Anjeunna
Lamun nutupan kamunapékan maranéh.
11 Maranéh téh teu sieun kitu ku kaagungan Anjeunna?
Maranéh téh teu sieun kitu ku Allah?
12 Omongan maranéh nu bijak* téh euweuh hartina kawas lebu.
Jawaban maranéh téh euweuh gunana kawas taméng tina taneuh liket.
13 Maranéh mending jempé supaya urang bisa nyarita.
Naon waé nu bakal kaalaman ku urang keun wéh sina kajadian!
14 Urang siap nyanghareupan bahaya
Jeung narohkeun nyawa.
15 Sanajan Allah bisa waé maéhan urang, urang mah bakal tetep ngaharep ka Anjeunna,
Urang bakal ngabuktikeun ka Anjeunna yén urang téh teu salah.*
16 Ku kituna, urang bakal disalametkeun ku Anjeunna,
Da jalma nu teu kenal ka Allah* mah teu meunang ngadeuheus ka Anjeunna.
17 Sok bandungan omongan urang,
Perhatikeun kekecapan urang.
18 Ayeuna urang geus siap ngabéla perkara urang.
Urang yakin urang téh bener.
19 Saha nu rék nuduh urang?
Lamun cicing waé, urang pasti paéh!*
20 Nun Gusti, abdi mung gaduh dua paménta
Supados abdi teu nyumput ti Gusti:
21 Abdi ulah hantem baé dipasihan kasusah,
Sarta ulah nyababkeun abdi teterusan sieun ka Gusti.
22 Mangga Gusti heula nu nyarios, engké ku abdi dijawab.
Atanapi abdi heula nu nyarios, engké ku Gusti dijawab.
23 Naon kalepatan sareng dosa abdi?
Ébréhkeun palanggaran sareng dosa abdi.
24 Ku naon Gusti miceun beungeut ti abdi
Sarta nganggap abdi téh musuh Gusti?
25 Abdi téh kawas daun nu katebak ku angin, kawas jarami.
Ku naon Gusti bet nyingsieunan sarta ngudag-ngudag abdi?
26 Gusti teras nyatet tuduhan ngeunaan abdi,
Sarta ngahukum abdi lantaran dosa-dosa abdi waktu keur ngora.
27 Suku abdi dipasung ku Gusti,
Sakabéh léngkah abdi disidik-sidik ku Gusti,
Sarta unggal tapak suku abdi dituturkeun ku Gusti.