Ayub
25 Ku Bildad urang Syuah ditémbalan,
2 ”Allah boga kakawasaan jeung kakuatan nu matak tajub.
Nya ku lantaran Anjeunna sorga jadi tengtrem.
3 Bisa kitu pasukan-Na diitung?
Saha nu teu kasorot ku cahaya Allah?
4 Bisa kitu manusa dianggap bener ku Allah?
Bisa kitu jalma nu dilahirkeun ku awéwé dianggap teu salah?*
5 Malahan dina pandangan Anjeunna mah bulan téh teu caang,
Béntang-béntang gé teu méncrang,
6 Komo deui manusa nu kawas bilatung,
Sarta anak manusa nu kawas cacing!”