Ayub
27 Ayub neruskeun deui omonganana,*
2 ”Demi Allah nu hirup, nu geus ngarampas kaadilan ti urang,
Demi Nu Mahakawasa, nu geus nyangsarakeun hirup urang,
3 Salila urang napas kénéh,
Salila napas ti Gusti masih aya dina diri urang,
4 Moal mungkin biwir urang ngucapkeun nu teu bener,
Atawa létah urang nipu!
5 Mustahil urang nganggap maranéh bener!
Nepi ka paéh gé moal mungkin urang teu satia ka Allah!
6 Urang mah keukeuh ngarasa teu salah jeung bakal terus siga kitu.
Salila urang hirup, urang moal bakal ngarasa salah.*
7 Muga-muga musuh urang dihukum kawas jalma jahat,
Sarta nu nganiaya urang dihukum kawas jalma nu teu bener.
8 Naon harepan keur jalma nu teu kenal ka Allah* waktu manéhna dimusnakeun,
Waktu Allah ngarampas nyawana?
9 Waktu manéhna keur susah,
Mémangna panyambatna bakal didéngé ku Allah?
10 Mémangna manéhna bakal meunang kabagjaan ti Nu Mahakawasa?
Manéhna bakal terus sasambat ka Allah, kitu?
11 Urang bakal ngajar maranéh ngeunaan kawasa Allah.*
Urang moal bakal nyumputkeun nanaon ngeunaan Nu Mahakawasa.
12 Lamun enya maranéh kabéh meunang téténjoan,
Naha atuh bet ngocoblak euweuh hartina?
13 Ieu jatah ti Allah keur jalma jahat,
Warisan ti Nu Mahakawasa keur jalma nu sok nindes.
14 Najan anakna loba, maranéhna bakal paéh ku pedang.
Turunanana bakal karurang dahar.
15 Turunanana nu salamet bakal paéh ku wabah panyakit.
Ku pamajikan maranéhna gé moal diceungceurikan.
16 Najan manéhna nimbun pérak nu lobana kawas kekebul,
Sarta nyimpen baju alus nu lobana kawas taneuh liket,
17 Najan manéhna sorangan nu ngumpulkeunana,
Nu bakal makéna mah jalma bener,
Nu bakal ngabagi-bagi pérakna mah jalma nu teu salah.
18 Imah nu dibangun ku manéhna babari rugrug kawas cacaka,*
Kawas saung nu dijieun ku tukang jaga.
19 Waktu reup saré mah manéhna beunghar, tapi kakayaanana bakal les leungit.*
Barang manéhna hudang, kabéhanana geus euweuh.
20 Kasieun narajang manéhna kawas caah.
Angin topan nyéréd manéhna peuting-peuting.
21 Hiuk angin wétan niup manéhna, les baé leungit,
Manéhna kabawa ti imahna.
22 Waktu manéhna rék kabur sakuat tanaga,
Éta angin narajang manéhna taya karunya.
23 Ti tempatna, éta angin* kaleprok jeung ngahéot
Pikeun moyokan manéhna.