Ayub
36 Élihu neruskeun omonganana,
2 ”Sabar nya sakeudeung deui, sabab aya kénéh nu rék dijelaskeun.
Masih aya kénéh nu rék diomongkeun pikeun ngawakilan Allah.
3 Abdi rék ngajéntrékeun kabéh kanyaho abdi
Sarta némbongkeun yén Nu Ngadamel abdi téh bener.
4 Nu rék diomongkeun ku abdi téh bener
Lantaran asalna ti Anjeunna nu terang sagalana.
5 Allah téh perkasa jeung moal mandang rendah ka sasaha.
Pangarti-Na kacida hébatna.
6 Anjeunna moal ngantep jalma jahat terus hirup.
Sabalikna, nu sangsara bakal dibéré kaadilan.
7 Anjeunna terus merhatikeun jalma-jalma bener.
Ku Anjeunna maranéhna diangkat jadi raja* sarta dipunjulkeun salawasna.
8 Tapi lamun maranéhna diranté
Jeung dibeulitan ku tali kasangsaraan,
9 Anjeunna bakal méré nyaho yén kalakuan maranéhna téh salah.
Maranéhna nyieun palanggaran téh lantaran sombong.
10 Ku Anjeunna maranéhna disina ngadéngékeun naséhat Anjeunna
Sarta dipépélingan supaya teu ngalampahkeun deui nu salah.
11 Lamun maranéhna nurut sarta ngabakti ka Anjeunna,
Maranéhna bakal makmur nepi ka ahir hirupna.
Hirup maranéhna bakal sugema.
12 Tapi lamun maranéhna teu nurut, maranéhna bakal binasa ku pedang.*
Maranéhna bakal maot bari teu boga pangarti.
13 Nu teu kenal ka Allah* bakal nyimpen kakeuheul.
Najan ditalian ku Anjeunna gé, maranéhna moal sasambat ménta tulung.
14 Maranéhna maot najan ngora kénéh.
Maranéhna hirup* di antara lalaki nu jadi palacur kuil.
15 Tapi nu keur sangsara mah ku Allah disalametkeun.
Waktu ditindes, maranéhna disina ngadéngékeun pituduh Anjeunna.
16 Anjeun bakal dijait ku Anjeunna tina jurang kasusah,
Dibawa ka tempat nu lega jeung bébas tina kasusah.
Dina méja anjeun bakal aya dahareun nu ngeunah supaya haté anjeun kaupahan.
17 Anjeun bakal puas waktu jalma jahat dihukum,
Waktu hukuman diputuskeun sarta kaadilan dijalankeun.
18 Tapi ati-ati, najan ambek pisan, ulah nepi ka boga kangéwa
Sarta ulah kasasabkeun ku panyogok.
19 Sanajan anjeun jejeritan ménta tulung
Atawa usaha sakuat tanaga, bisa kitu anjeun leupas tina kasusah?
20 Ulah ngarep-ngarep peuting datang,
Waktu jalma-jalma musna ti tempatna.
21 Ulah ngalampahkeun nu salah.
Tapi sing tabah nandangan lara.
22 Allah dimulyakeun lantaran kakuatana-Na.
Guru mana anu bisa nandingan Anjeunna?
23 Saha nu bisa ngabéjaan Anjeunna kudu kitu kudu kieu*
Atawa ngomong, ’Nu dilampahkeun ku Gusti téh salah’?
24 Ulah poho ngamulyakeun tindakana-Na
Nu sok dinyanyikeun ku jalma-jalma.
25 Sakabéh manusa geus ningali tindakana-Na,
Maranéhna ningali ti kajauhan.
26 Enya, urang moal paham sakumaha hébatna kawasa Allah.
Moal aya nu bisa ngitung geus sabaraha lila Anjeunna jumeneng.
27 Cai nyaab* jadi halimun tuluy diangkat ka luhur ku Anjeunna.
Éta halimun engkéna ngajadi hujan.
28 Cihujan ngucur tina méga-méga,*
Ngahujanan sakuliah bumi.
29 Mémangna aya nu bisa ngarti kana lapisan-lapisan méga,
Kana guludug anu ngagulugur ti panglinggihan Allah?
30 Pék tingali kumaha kilat disina patingburinyay di ditu,
Sarta kumaha dasar-dasar laut ditutupan ku cai.
31 Ku hal-hal éta, Anjeunna nunjang hirup* manusa.
Anjeunna méré loba dahareun ka maranéhna.
32 Kilat digenggem ku panangan-Na
Tuluy diarahkeun kana sasaran.
33 Guludug ngumumkeun Allah datang,
Malahan ingon-ingon gé méré nyaho saha* nu datang.