Ayub
38 Tuluy Yéhuwa ngajawab Ayub ti jero angin ribut,
2 ”Saha ieu téh nu teu percaya kana putusan Kuring
Sarta nu ngomongna teu maké pangarti?
3 Sok siap-siap layakna lalaki.
Kuring rék nanya, manéh kudu ngajawab.
4 Manéh di mana basa Kuring ngadegkeun bumi?
Lamun enya ngarti, sok béré nyaho Kuring.
5 Lamun nyaho, cik saha anu nangtukeun ukuran-ukuranana?
Saha anu narik tali ukuranana?
6 Kana naon tihang-tihang anu nanggeuy bumi ditancebkeun?
Saha nu masangkeun batu juruna?
7 Manéh di mana waktu béntang-béntang pajar sarurak bungah,
Sarta sakabéh putra Allah* nyurakkeun pupujian?
8 Saha anu ngabendung laut ku panto-panto
Waktu caina kaluar ti jero kandungan bumi,
9 Waktu Kuring nyimbutan laut ku méga*
Sarta ngabedong éta ku méga hideung,
10 Waktu Kuring netepkeun wawatesanana
Sarta masang palang-palang jeung panto-pantona,
11 Waktu Kuring ngomong, ’Semet dieu nya, ulah leuwih.
Ombak manéh nu tingjalegur kudu eureun di dieu’?
12 Pernah kitu manéh nitah supaya isuk-isuk geura datang
Atawa méré nyaho pajar kudu medal di mana?
13 Mémangna manéh nu nitah cahaya pajar sina indit ka tungtung-tungtung bumi
Sarta ngusir nu jarahat?
14 Waktu bray caang, bentuk bumi katingali kawas taneuh liket nu dicap,
Sagala eusina katingali jelas kawas corak kaén.
15 Tapi cahaya jalma jahat mah dirampas.
Maranéhna moal bisa nyilakakeun batur deui.
16 Pernah kitu manéh turun ka sumber laut
Atawa ngajajah samudra nu jero?
17 Pernah kitu gerbang maot diébréhkeun ka manéh?
Pernah kitu manéh ningali gerbangna tempat nu poék mongkléng?
18 Mémangna manéh ngarti sakumaha legana ieu bumi?
Lamun manéh ngarti éta kabéh, sok béjaan Kuring.
19 Mémangna manéh nyaho di mana tempat matuhna cahaya
Sarta di mana tempatna poék?
20 Bisa kitu manéh nganteur maranéhna balik ka tempatna?
Apal teu jalan ka tempat matuhna?
21 Manéh apal téh lantaran harita geus lahir
Jeung geus kolot pisan, nya?
22 Pernah kitu manéh asup ka gudangna salju
Atawa nénjo gudangna hujan és,
23 Nu geus disimpen ku Kuring pikeun mangsa kasusah
Jeung usum* perang?
24 Ti arah mana cahaya* nyebar?
Ti mana asalna angin wétan nu ngagelebug ka bumi?
25 Saha nu muka saluran-saluran cai di langit pikeun nurunkeun hujan gedé?
Saha nu nyieun pijalaneun keur angin topan jeung kilat?
26 Saha nu nurunkeun hujan ka tempat nu euweuh pendudukna,
Ka tanah gurun nu teu dicicingan ku jelema?
27 Saha nu ngabaseuhan tanah nu garing
Nepi ka jaradi jujukutan?
28 Mémangna hujan boga bapa?
Saha bapana ciibun?
29 Ari és, saha indungna?
Salju nu turun ti langit, saha nu ngajurukeunana?
30 Saha nu nyababkeun cai jadi teuas kawas batu,
Sarta beungeut laut nu jero ngajadi és?
32 Bisa manéh ngabijilkeun rasi béntang* dina usumna
Atawa nungtun rasi béntang As* jeung anak-anakna?
33 Mémangna manéh nyaho hukum nu aya di langit?
Bisa kitu éta hukum* dijalankeun di bumi?
34 Bisa kitu manéh ngagorowok ka méga
Sina nurunkeun hujan gedé ka luhureun manéh?
35 Bisa kitu manéh ngutus kilat?
Mémangna maranéhna bakal datang tuluy ngomong, ’Siap, Juragan’?
37 Saha nu pinter pisan nepi ka bisa ngitung méga?
Saha nu bisa ngajungkirkeun gentong-gentong cai di langit?
38 Saha nu bisa ngarobah kekebul jadi leutak
Sarta ngahijikeun guruntulan taneuh?
39 Bisa kitu manéh mangmorokeun mamangsan keur singa
Atawa maraban anak-anakna nepi ka sareubeuh,
40 Waktu maranéhna darepa di liangna
Atawa ngadodoho mamangsan di sayangna?
41 Saha nu nyadiakeun dahareun keur gagak
Waktu anak-anakna rarécét marénta tulung ka Allah
Sarta ka ditu ka dieu lantaran euweuh dahareun?