Ayub
39 ”Manéh nyaho kitu iraha embé gunung anakan?+
Pernah teu manéh ningali uncal ngajuru?+
2 Ku manéh diitung teu sabaraha bulan reuneuhna?
Manéh nyaho kitu iraha anakanana?
3 Maranéhna darepa waktu keur anakan,
Ari geus kitu mah kanyerina leungit.
4 Anak-anakna ngagedéan jeung jadi kuat di tegalan.
Maranéhna indit jeung teu pernah balik deui ka indungna.
5 Ku saha diaburna kaldé liar téh?+
Saha nu ngudaran tali kaldé liar?
6 Gurun keusik ku Kuring dijadikeun imah manéhna,
Tanah anu aya uyahna dijadikeun panyicinganana.
7 Manéhna embung cicing di kota nu gandéng.
Manéhna embung ngadéngékeun sora jalma nu nitah manéhna digawé.
8 Manéhna kukulayaban di pasir-pasir* néangan tegal jukut,
Néangan pepelakan nu haréjo.
9 Daék kitu banténg digawé keur manéh+
Atawa meuting di kandang milik manéh?
10 Bisa kitu manéh nalian banténg
Pikeun ngawuluku* tanah manéh?
11 Mémangna manéh bakal ngandelkeun tanagana nu gedé
Pikeun migawé anu bareurat?
12 Mémangna manéh bakal mercayakeun manéhna sina mawa balik hasil panén?
Mémangna manéhna bakal ngumpulkeun éta ka tempat ngirik?*
13 Manuk onta atoh pisan ngiplik-ngiplik jangjangna,
Tapi bisa kitu tungtung jangjang jeung buluna nandingan manuk bango?+
14 Endog-endogna diantep ngagolér dina taneuh,
Sina kahaneutan ku keusik.
15 Manéhna teu inget yén endogna bisa waé katincak nepi ka peupeus
Atawa kaidek-idek ku sato liar.
16 Manéhna kasar ka anak-anakna, kawas lain ka anakna sorangan.+
Manéhna teu paduli upama usahana jadi percumah.
17 Manéhna ku Allah dihaja sina teu boga kabijaksanaan
Sarta teu dibéré budi akal.
18 Tapi waktu manéhna cengkat jeung ngiplik-ngiplik jangjangna,
Kuda jeung nu tumpakna diseungseurikeun ku manéhna.
19 Mémangna manéh nu méré kakuatan ka kuda?+
Manéh kitu nu ngahias pundukna ku susuri nu éndah?
20 Mémangna ku manéh pangna éta kuda bisa ngajleng kawas simeut?
Sora tarik tina irungna téh pikasieuneun.+
21 Sukuna ngagurudug nincakan lebak, ajleng-ajlengan némbongkeun kakuatanana.+
Beretek manéhna lumpat ka pangperangan.+
22 Manéhna nyeungseurikeun kasieun jeung euweuh kagimir.+
Manéhna moal mundur ku pedang.
23 Wadah anak panah nu tumpakna disada kotrak-kotrék.
Tumbak jeung lembingna tinggurilap.
24 Éta kuda geus teu sabar hayang geura maju.
Manéhna teu daék cicing* waktu ngadéngé térététna sora tarompét tanduk.
25 Waktu ngadéngé térétét tarompét, seug manéhna ngahiem.
Hawa perang geus kaambeu ku manéhna ti kajauhan.
Ceulina rancung ngadéngé gorowokna para panglima jeung jerit perang.+
26 Mémangna manéh nu ngajar manuk falkon hiber?
Manéh nu mapatahan éta manuk sina mébérkeun jangjangna jeung hiber ka kidul?
27 Mémangna manéh nu nitah heulang hiber ka luhur,+
Nyayang di tempat nu luhur,+
28 Saré di gawir sapeupeuting,
Jeung cicing di tempat nu weweg di gunung batu?
29 Ti dinya manéhna néangan mamangsan.+
Panonna ngawas-ngawas ti kajauhan.
30 Anak-anakna nyerotan getih.
Di mana aya bangké, manéhna pasti aya di dinya.”+