Ayub
40 Yéhuwa neruskeun deui omongana-Na ka Ayub,
2 ”Pantes kitu manusa néangan kasalahan Nu Mahakawasa jeung ngabantah Anjeunna?
Mun aya nu rék negor Allah, keun sina ngomong.”
3 Ayub ngajawab Yéhuwa,
4 ”Abdi mah sanés sasaha.
Kumaha abdi kedah ngajawab Gusti?
Abdi mah moal nyarios nanaon deui.
5 Tos mangkali-kali abdi nyarios,
Tapi ayeuna abdi moal ngajawab sareng nyarios deui.”
6 Ti jero angin ribut Yéhuwa ngajawab Ayub,
7 ”Sok siap-siap layakna lalaki.
Kuring rék nanya, manéh kudu ngajawab.
8 Manéh rék ngomong Kuring téh teu adil?
Manéh rék nyalahkeun Kuring supaya manéh kabukti bener?
9 Mémangna manéh boga leungeun nu kuat kawas leungeun Allah nu bener?
Mémangna sora manéh bisa ngageleger kawas sora Anjeunna?
10 Cik témbongkeun kamulyaan jeung kakuatan manéh.
Témbongkeun kahormatan jeung kahébatan manéh.
11 Sok budalkeun amarah manéh nu ngagedur.
Tuh tingali nu galedé hulu, rendahkeun ku manéh.
12 Tingali nu galedé hulu, hina maranéhna.
Leyek nu jarahat di tempatna.
13 Kubur maranéhna dina kekebul,
Talian maranéhna di tempat nu poék.
14 Mun manéh sanggup, Kuring sorangan bakal ngaku*
Yén leungeun katuhu manéh bisa nyalametkeun manéh.
15 Cik tingali Béhémot,* boh éta sato boh manéh nya Kuring nu nyiptakeunana.
Éta sato nyatuna téh jukut, teu béda ti sapi.
16 Tingali sakumaha bedas sukuna,
Sakumaha kuat otot-otot beuteungna.
17 Buntutna heuras kawas tangkal aras.
Urat-urat pingpingna kawas nu diuntun.
18 Tulang-tulangna kawas pipah tambaga.
Suku-sukuna kawas tongkat beusi.
19 Éta sato téh nu panghébatna* di antara ciptaan Allah.
Ngan Nu Nyieunna nu bisa nyerang manéhna ku pedang.
20 Gunung-gunung pangulinan sato liar
Ngahasilkeun hakaneun keur manéhna.
21 Manéhna ngagolér di handapeun tatangkalan anu carucukan,
Nyumput di antara jujukutan nu jarangkung di rawa-rawa,
22 Diiuhan ku tatangkalan nu carucukan,
Dikurilingan ku tangkal poplar nu aya di lebak.*
23 Najan cai walungan motah, manéhna teu sieun.
Najan cai Walungan Yordan neumbragan bangusna gé, manéhna anteng-anteng baé.
24 Saha nu bisa néwak manéhna ti hareup
Atawa nojos irungna ku kakait?