Ayub
41 ”Bisa kitu manéh néwak Léwiatan* maké useup
Atawa nalian létahna?
2 Bisa teu manéh masang tali dina irungna
Atawa nojos cacapékna maké kakait?*
3 Mémangna manéhna bakal ampun-ampunan ménta dipikarunya
Atawa lemah lembut waktu ngomong ka manéh?
4 Manéhna bakal nyieun perjangjian jeung manéh kitu
Supaya bisa dijadikeun palayan manéh saumur-umur?
5 Mémangna ku manéh bakal dicocoo kawas manuk
Atawa ditalian pikeun jadi cocooan anak-anak awéwé manéh?
6 Mémangna para nalayan bakal jual beuli Léwiatan?
Mémangna éta bakal dipotong-potong tuluy dibagi-bagikeun ka nu daragang?
7 Bisa kitu manéh nanceb-nancebkeun tumbak kana kulitna
Atawa nubles huluna ku tumbak?
8 Sok toél manéhna, manéh bakal kapok.
Manéh moal bakal poho basa keur tarung jeung manéhna.
9 Percumah ngarep-ngarep nalukkeun manéhna.
Kakara nempo gé manéh geus sieun.*
10 Moal aya nu wani ngaganggu manéhna.
Jadi saha nu wani nangtang Kuring?
11 Saha nu geus méré ka Kuring nepi ka Kuring kudu mulang tarima?
Sagala nu aya di kolong langit téh milik Kuring.
12 Kuring rék nyarita deui ngeunaan babagian awakna,
Ngeunaan kakuatanana jeung awakna nu dijieun sakitu hébatna.
13 Saha nu pernah ngaleupaskeun baju luarna?
Saha nu daék asup kana cacapékna waktu keur calangap?
14 Saha nu sanggup nyalawakkeun sungutna?
Huntu dina sungutna pikasieuneun.
15 Sisit dina tonggongna ngajajar,*
Meni kékép parérékép.
16 Sisit-sisitna padédémpét
Nepi ka angin gé teu bisa sésélékét.
17 Bakating ku kékép jeung rékép,
Sisit-sisitna teu bisa dipisahkeun.
18 Waktu manéhna beresin, kaluar caang nu ngaburinyay.
Matana moncorong lir surya kakara medal.
19 Tina bangusna, bijil kilat ngaburinyay,
Sarta kaluar ruhak lembut.
20 Haseup kaluar tina irungna,
Kawas haseup tina pameuleuman nu ngaduruk jukut.
21 Ku napasna, areng jadi ruhay.
Tina sungutna, seuneu luntab-léntab.
22 Pundukna kuat pisan.
Kabéh nu paamprok jeung manéhna sarieuneun pisan.
23 Kulit beuteungna kacida teuasna
Kawas pelat beusi nu teu bisa dilaanan.
24 Jantungna teuas kawas batu,
Teuas kawas bagian handap batu gilingan.
25 Barang manéhna cengkat, nu gagah gé jadi gimir.
Waktu manéhna ngabuntang-banting buntutna, kabéh sarieuneun.
26 Pedang moal teurak,
Kitu ogé tumbak, anak panah, jeung senjata séjénna.
27 Beusi dianggap jarami,
Tambaga dianggap kai bobo.
28 Najan dipanah, manéhna moal lumpat.
Batu-batu nu dibalédogkeun ka manéhna dianggap kawas jarami.
29 Tongkat paneunggeul dianggap kawas jarami.
Sora lembing nu dilempagkeun kalah ka diseungseurikeun.
30 Beuteungna kawas sesemplékan kendi nu seukeut.
Manéhna ngagolér dina leutak kawas papan paranti ngirik.*
31 Laut digibeg-gibeg jadi kawas cai nu ngagolak dina panci.
Laut diubek-ubek jadi kawas minyak nu ngagolak dina panci.
32 Alur urutna ngojay ngabudah.
Laut katempona kawas huisan.
33 Di bumi euweuh nu siga kitu,
Mahluk nu diciptakeun euweuh kasieun.
34 Kabéh nu sombong dipelong ku manéhna.
Manéhna téh rajana sato galak nu kuat.”