Ayub
8 Tuluy Bildad urang Syuah némbalan Ayub,
2 ”Nepi ka iraha manéh rék ngomong siga kitu?
Omongan manéh téh siga angin ngagelebug!
3 Mémangna Allah bakal nyimpang tina kaadilan?
Mémangna Nu Mahakawasa bakal nyimpang ti nu bener?
4 Jigana mah anak-anak lalaki manéh téh geus nyieun dosa jeung barontak ka Anjeunna,
Nu matak maranéhna dihukum ku Anjeunna.
5 Coba mun manéh néangan Allah
Sarta ménta dipikarunya ku Nu Mahakawasa,
6 Coba mun hirup manéh bersih jeung bener,
Anjeunna bakal merhatikeun manéh
Jeung mulihkeun kaayaan manéh siga saacanna.
7 Najan tadina manéh jalma leutik,
Ka hareupna mah hirup manéh bakal makmur.
8 Coba tanya ka kolot-kolot baheula,
Perhatikeun naon nu ditalungtik ku karuhun maranéhna.
9 Urang kabéh pan kakara lahir kamari, jaba teu nyaho nanaon deuih.
Hirup urang di bumi téh pondok.*
10 Maranéhna bakal ngajar manéh, pan?
Maranéhna gé bakal méré nyaho sagala kanyahona, pan?
11 Mémangna papirus bakal ngajangkungan lamun euweuh rawa?
Mémangna jujukutan bakal ngajangkungan lamun euweuh cai?
12 Najan masih kénéh kuncup jeung can dipetik,
Éta bakal leuwih gancang garing tibatan pepelakan séjén.
13 Kitu jadina jalma-jalma nu mopohokeun Allah,
Sabab jalma nu teu kenal ka Allah* mah harepanana bakal sirna.
14 Nu diandelkeun ku manéhna taya gunana,
Nu dipercaya ku manéhna gampang ancur kawas ramat lancah.
15 Manéhna bakal nyarandé kana imahna, tapi imahna bakal ambruk.
Manéhna bakal nyekelan imahna, tapi imahna bakal rubuh.
16 Manéhna lir pepelakan seger nu kasorot ku panonpoé,
Sirung-sirungna nyaliara minuhan kebon.
17 Akarna ngaranggeum tumpukan batu,
Néangan panyicingan dina sela-sela batu.
18 Tapi barang manéhna dirabut tina tempatna,
Tempatna bakal api-api teu wawuh ka manéhna, omongna, ’Urang can pernah ningali manéh.’
19 Nya siga kitu manéhna bakal musna.
Terus di tempat urut manéhna, pepelakan séjén bakal jaradi.
20 Allah moal ninggalkeun jalma nu bersih hirupna,*
Moal nulung ka nu jahat.
21 Manéh ku Anjeunna bakal disina seuri deui,
Bakal disina surak gumbira deui.
22 Jalma nu ijid ka manéh bakal dibajuan ku kaéra.
Kémahna jalma jahat moal aya-aya deui.”