Jabur
Jabur karangan Daud. Lagu.
101 Abdi badé nyanyi ngeunaan asih satia sarta kaadilan.
Abdi badé ngawihkeun pupujian* kanggo Gusti, nun Yéhuwa.
2 Abdi bakal ngalampahkeun nu bijaksana sarta bakal hirup bersih.*
Iraha Gusti badé sumping?
Abdi badé ngalampahkeun nu bener di bumi abdi.
3 Abdi moal ningali hal nu taya gunana.
Abdi geuleuh kana kalakuan jalma nu nyimpang ti nu bener,
Abdi embung urusan jeung nu kararitu.
4 Abdi jauh ti jalma nu sérong haté,
Abdi embung pipilueun* kana kagoréngan.
5 Saha waé anu mitnah batur di tukangeunana
Rék dibungkem* ku abdi.
Saha waé nu panonna sombong sarta haténa adigung
Moal diantep ku abdi.
6 Abdi bakal merhatikeun jalma-jalma di dunya nu satia ka Allah,
Ngarah maranéhna bisa matuh bareng jeung abdi.
Jalma nu kalakuanana taya cacadna* bakal ngalalayanan abdi.
7 Tukang tipu moal matuh di bumi abdi,
Tukang bohong moal aya di payuneun abdi.
8 Unggal isuk, abdi bakal ngabungkem* kabéh jalma jahat di dunya.
Kabéh jalma jahat di kota Yéhuwa bakal disingkirkeun ku abdi.