Jabur
Jabur karangan Daud.
103 Abdi badé muji Yéhuwa,
Batin abdi segemblengna badé muji nami-Na nu suci.
2 Abdi badé muji Yéhuwa,
Mugia abdi teu pernah hilap kana sagala nu tos dilampahkeun ku Anjeunna.
3 Anjeunna ngahampura sadaya kasalahan abdi
Sarta nyageurkeun sagala panyakit abdi.
4 Anjeunna nyalametkeun abdi tina liang kubur.
Anjeunna welas asih sarta nunjukkeun asih satia-Na ka abdi.
5 Anjeunna ngeusian hirup abdi ku sagala nu hadé nepi ka puas,
Supaya abdi awét ngora sarta sumanget kawas heulang.
6 Yéhuwa téh bener jeung adil
Ka kabéh jalma nu ditindes.
7 Anjeunna nerangkeun jalan-jalan-Na ka Musa
Sarta tindakan-tindakana-Na ka bangsa Israél.
8 Yéhuwa téh welas asih jeung karunyaan,
Teu gancang ambek sarta nyaahan pisan.*
9 Anjeunna henteu teterusan nginget-nginget kasalahan urang
Atawa keuheul salamina.
10 Anjeunna teu ngahukum urang satimpal jeung dosa urang
Atawa ngabales urang satimpal jeung kasalahan urang.
11 Sakumaha langit leuwih luhur ti bumi,
Nya kitu ogé asih satia Anjeunna ka jalma nu hormat* ka Anjeunna.
12 Sakumaha jauhna panonpoé medal ti panonpoé surup,
Nya sakitu jauhna kasalahan urang dijauhkeun ti urang.
13 Sakumaha bapa karunyaan ka anak-anakna,
Yéhuwa gé karunyaan ka jalma nu hormat* ka Anjeunna.
14 Sabab Anjeunna terang pisan kumaha urang diciptakeun,
Anjeunna émut urang téh saukur kekebul.
15 Hirup manusa téh pondok kawas jujukutan,
Manéhna mekar kawas kembang di tegalan.
16 Tapi waktu katiup ku angin, les baé euweuh,
Kawas nu teu pernah aya di dinya.
17 Tapi asih satia Yéhuwa ka jalma-jalma nu hormat* ka Anjeunna
Aya keur salalanggengna,
Sarta kasaéana-Na ditémbongkeun ka anak incu maranéhna,
18 Ka jalma-jalma anu satia kana perjangjian jeung Anjeunna
Sarta nu bener-bener ngajalankeun paréntah-paréntah-Na.
19 Yéhuwa ngukuhkeun tahta-Na di sorga,
Sarta karajaana-Na ngawasaan sagalana.
20 Puji Yéhuwa, hé sakabéh malaikat-Na nu perkasa,
Nu ngalaksanakeun firman-Na sarta nuturkeun paréntah-Na.*
21 Puji Yéhuwa, hé sakabéh pasukan-Na,
Para palayan-Na nu ngajalankeun kahoyong-Na.
22 Puji Yéhuwa, hé sakabéh ciptaana-Na,
Nu aya di sakabéh daérah kakawasaan Anjeunna.
Abdi badé muji Yéhuwa.