Jabur
Lagu. Jabur karangan Daud.
108 Haté abdi pengkuh, nun Allah.
Abdi bakal sapinuh haté nyanyi jeung maén musik kanggo muji Gusti.
2 Geura hudang, hé harpa jeung alat musik nu maké senar.
Abdi rék ngageuingkeun pajar.
3 Abdi bakal muji Gusti di antara jalma réa, nun Yéhuwa.
Abdi bakal ngawihkeun pupujian* kanggo Gusti di antara bangsa-bangsa.
4 Asih satia Gusti téh pohara ageungna, luhur nepi ka langit,
Sarta kasatiaan Gusti nepi ka angkasa.
5 Nun Allah, mugia kaagungan Gusti ngaluhuran langit.
Mugia kamulyaan Gusti ditémbongkeun di sakuliah bumi.
6 Salametkeun abdi sadaya ku panangan katuhu Gusti sarta jawab abdi,
Supaya nu dipikanyaah ku Gusti bisa disalametkeun.
7 Allah nu suci tos nyarios,*
”Kuring bakal bungah waktu ngawariskeun Syikhém ka umat Kuring.
Kuring gé bakal ngukur Lebak Sukot.
8 Giléad milik Kuring, kitu deui jeung Manasyé.
Éfraim téh panutup* sirah Kuring,
Yéhuda téh tongkat kakawasaan Kuring.
9 Ari Moab mah baskom pangumbahan Kuring.
Kuring bakal ngabalangkeun sendal Kuring ka Édom.
Kuring bakal surak lantaran ngéléhkeun Filistia.”
10 Saha nu rék mawa abdi ka kota nu dibénténgan éta?
Saha nu rék nungtun abdi nepi ka Édom?
11 Pan éta téh Gusti, Allah abdi sadaya nu tos nolak,
Nu teu nyarengan deui pasukan abdi sadaya.
12 Tulungan abdi sadaya tina kasusah ieu,
Sabab kasalametan ti manusa mah taya gunana.
13 Allah bakal masihan kakuatan ka urang,
Anjeunna bakal nincakan musuh-musuh urang.