Jabur
Keur pamingpin musik. Jabur karangan Daud.
11 Ka Yéhuwa abdi nyalindung.
Jadi ku naon maranéh bet wawanianan ngomong ka kuring,
”Geura kabur ka gunung kawas manuk hiber!
2 Tingali kumaha jalma jahat ngabengkungkeun busur panahna.
Maranéhna masang anak panah dina tali busurna,
Ngincer jalma nu haténa bener ti tempat nu poék.
3 Lamun hukum teu dihargaan sarta teu aya kaadilan,
Naon nu bisa dilakukeun ku jalma bener?”
4 Yéhuwa aya di bait-Na nu suci.
Tahta Yéhuwa aya di sorga.
Soca-Na téh ningali. Soca-Na nu awas* nilik-nilik manusa.
5 Yéhuwa mariksa jalma nu bener sarta jalma nu jahat.
Anjeunna ijid ka jalma nu resep kana kakerasan.
6 Anjeunna bakal masang loba jiret* keur jalma nu jahat.
Maranéhna bakal dihukum ku seuneu, walirang, jeung angin panas.
7 Yéhuwa téh bener. Anjeunna resep kana lalampahan nu bener.
Jalma bener bakal dipikaresep ku Anjeunna.*