Jabur
111 Puji Yah!*
א [Alef]
Abdi badé muji Yéhuwa sapinuh haté
ב [Bet]
Di antara jamaah jeung di antara kumpulan jalma bener.
ג [Gimel]
2 Hasil karya Yéhuwa téh hébat pisan.
ד [Dalet]
Jalma-jalma nu ngarasa tajub kana hasil karya-Na bakal dialajar.
ה [He]
3 Padamelana-Na hébat jeung matak tajub,
] וWaw]
Kaadilana-Na langgeng.
ז [Zayin]
4 Sagala nu dilampahkeun ku Anjeunna téh hébat pisan, nepi ka teu bisa dipopohokeun ku jalma-jalma.
ח [Khet]
Yéhuwa téh welas asih jeung karunyaan.
ט [Tet]
5 Anjeunna masihan tuangeun ka jalma-jalma nu hormat* ka Anjeunna.
י [Yod]
Anjeunna teu pernah poho kana perjangjiana-Na.
כ [Kaf]
6 Anjeunna némbongkeun kakawasaana-Na ka umat-Na,
ל [Lamed]
Nyaéta ku masihkeun warisan* bangsa-bangsa ka maranéhna.
מ [Mem]
7 Sagala nu dilampahkeun ku Anjeunna téh bener jeung adil.
] נNun]
Sakabéh paréntah-Na beunang dipercaya
] סSamekh]
8 Sarta bisa diandelkeun ti jaman ka jaman,
ע [Ayin]
Éta kabéh dijieun ku lantaran Allah téh bener jeung adil.
פ [Pe]
9 Anjeunna tos nebus umat-Na.
צ [Tsade]
Anjeunna netepkeun supaya perjangjiana-Na terus aya salalanggengna.
ק [Qof]
Nami-Na suci jeung matak tajub.
ר [Res]
10 Ngarah bijaksana, mimitina urang kudu hormat* ka Yéhuwa.
ש [Sin]
Kabéh jalma nu ngajalankeun paréntah-paréntah-Na boga pangarti nu alus.
ת [Taw]
Anjeunna layak dipuji salalanggengna.