Jabur
112 Puji Yah!*
א [Alef]
ג [Gimel]
2 Turunan manéhna bakal boga kawasa nu gedé di bumi.
ד [Dalet]
Turunan jalma bener bakal diberkahan.
ה [He]
3 Di imahna aya harta jeung kakayaan,
ו [Waw]
Kahadéanana moal dipopohokeun salilana.
ז [Zayin]
4 Keur jalma jujur mah, manéhna téh kawas cahaya nu aya dina poék.
ח [Het]
Manéhna welas asih, karunyaan, jeung adil.
ט [Tet]
5 Bagja jalma anu teu hésé méré nginjeum ka nu butuh.
י [Yod]
Manéhna adil dina sagala urusanana.
כ [Kaf]
6 Manéhna moal kaéléhkeun ku kasusah.
ל [Lamed]
Jalma bener moal dipopohokeun salilana.
מ [Mem]
7 Waktu ngadéngé béja goréng, manéhna teu sieun.
נ [Nun]
Haténa pengkuh, percaya ka Yéhuwa.
ס [Samekh]
8 Manéhna teteg haté,* manéhna gé teu sieun.
ע [Ayin]
Tungtungna, manéhna bakal ningali musuh-musuhna diéléhkeun.
פ [Pe]
9 Manéhna resep barangbéré jeung resep tutulung ka nu miskin,
צ [Tsade]
Kahadéanana moal dipopohokeun salilana.
ק [Qof]
Manéhna bakal beuki kuat,* sarta manéhna bakal dihormat ku jalma-jalma.
ר [Res]
10 Ningali kitu téh jalma jahat mah keuheul,
ש [Syin]
Huntuna tingkereket, tuluy manéhna binasa.
ת [Taw]
Nu dipikahayang ku jalma jahat moal laksana.