Jabur
113 Puji Yah!*
Puji Anjeunna, hé umat Yéhuwa.
Puji nami Yéhuwa.
2 Mugia nami Yéhuwa dipuji
Ti ayeuna nepi ka salalanggengna.
3 Mugia nami Yéhuwa dipuji
Ti wétan nepi ka kulon.*
4 Yéhuwa leuwih unggul ti sakabéh bangsa,
Kamulyaana-Na ngaluhuran langit.
5 Saha nu saperti Yéhuwa Allah urang,
Nu calik dina tahta di tempat nu luhur?
6 Anjeunna dongko pikeun ningali langit jeung bumi.
7 Anjeunna ngangkat jalma leutik tina kekebul
Sarta ngangkat jalma miskin tina tumpukan lebu,*
8 Sina diuk jeung para bangsawan,
Para bangsawan di kalangan umat-Na.
9 Awéwé nu mandul ku Anjeunna dijadikeun indung,
Indung nu bagja bareng jeung barudakna* di imah.
Puji Yah!*