Jabur
Keur pamingpin musik: Nganggo nada Syéminit.* Lagu karangan Daud.
12 Salametkeun abdi, nun Yéhuwa, sabab tos taya deui jalma nu satia.
Jalma nu bisa dipercaya tos musna ti antara manusa.
2 Maranéhna silih bobodo.
Maranéhna muji-muji batur ku sungutna sarta nipu batur.*
3 Yéhuwa bakal ngabekem kabéh sungut anu sok muji-muji
Sarta neukteuk létah anu gedé omong.
4 Jalma-jalma anu ngomong, ”Ku sabab omongan urang, tujuan urang bakal laksana.
Urang bisa ngomong naon waé sakahayang urang.
Saha nu bisa ngatur-ngatur urang?”
5 Tapi ceuk Yéhuwa, ”Kuring moal cicing waé sarta bakal nyalametkeun
Jalma nu ditindes,
Jalma miskin anu jumerit.
Kuring bakal ngabébaskeun maranéhna ti jalma-jalma anu nyapirakeun maranéhna.”
6 Kekecapan Yéhuwa téh murni,
Saibarat pérak anu dimurnikeun dina tungku taneuh liket,* anu dimurnikeun nepi ka tujuh kali.
7 Gusti bakal ngajaga maranéhna, nun Yéhuwa.
Gusti bakal ngalindungan maranéhna masing-masing ti jalma-jalma jahat ieu* pikeun salalawasna.
8 Jalma jahat mah rék ka mana waé gé bébas,
Ku lantaran manusa ngagulkeun anu bejad.