Jabur
Lagu waktu keur nanjak ka kota.
121 Abdi ningali ka arah gunung-gunung,
Seug abdi nyarios, ”Saha nu bakal nulungan abdi?”
2 Pitulung abdi téh datangna ti Yéhuwa,
Nu Ngadamel langit sareng bumi.
3 Suku anjeun moal diantep tisolédat.
Anjeunna téh ngajaga anjeun, Anjeunna moal pernah tunduh.
4 Anjeunna téh ngajaga Israél,
Anjeunna moal pernah tunduh atawa kasaréan.
5 Yéhuwa nu ngajaga anjeun.
Yéhuwa nu nangtayungan anjeun téh aya di katuhueun anjeun.
6 Pas beurang, panonpoé moal nyilakakeun anjeun.
Pas peuting, bulan moal nyilakakeun anjeun.
7 Ku Yéhuwa, anjeun bakal dijaga tina sagala bahaya.
Nyawa anjeun bakal dijaga ku Anjeunna.
8 Yéhuwa bakal ngajaga anjeun dina sagala lampah anjeun,*
Ti ayeuna nepi ka salalanggengna.