Jabur
Lagu waktu keur nanjak ka kota. Jabur karangan Daud.
124 ”Saupama Yéhuwa teu nyarengan urang,”
Pék ngomong kieu Israél,
2 ”Saupama Yéhuwa teu nyarengan
Waktu musuh-musuh maju nyerang urang,
3 Pasti urang geus dilegleg hirup-hirup
Ku lantaran amarah maranéhna ngagedur.
4 Pasti urang geus palid ku cai,
Geus kabawa ku arus.
5 Tangtu urang geus tikerelep dina cai nu motah.
6 Mugia Yéhuwa dipuji,
Sabab Anjeunna tos ngajaga urang ti musuh-musuh nu kawas sato galak.
7 Urang téh kawas manuk nu lolos
Tina jiret tukang moro.
Jiretna ruksak,
Urangna bébas.
8 Pitulung urang téh datangna ti Anjeunna, nu namina Yéhuwa,
Nu Ngadamel langit jeung bumi.”