Jabur
Lagu waktu keur nanjak ka kota.
129 ”Ti ngongora, abdi terus diserang ku musuh-musuh.”
Pék ngomong kieu Israél,
2 ”Ti ngongora, abdi terus diserang ku musuh-musuh.
Najan kitu, abdi teu bisa diéléhkeun.
3 Tonggong abdi dijadikeun kawas taneuh nu diwuluku,*
Tapakna téh meni paranjang.”
4 Tapi Yéhuwa mah adil,
Tali-tali nu dibeulitkeun ku jalma jahat ka abdi dipegatkeun ku Anjeunna.
5 Kabéh nu ngéwa ka Zion
Bakal nandangan kaéra jeung malundur.
6 Maranéhna bakal kawas jukut di suhunan imah
Nu geus garing saméméh dirabut.
7 Saeutik pisan mun dikeupeul ku tukang ngala panén gé,
Jeung saeutik teuing mun rék dibawa ku tukang ngumpulkeun hasil panén.
8 Nu laliwat gé moal ngomong kieu,
”Mugia Yéhuwa ngaberkahan maranéh.
Urang rék ngaberkahan maranéh nganggo nami Yéhuwa.”