Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud.
13 Nun Yéhuwa, badé dugi ka iraha Gusti mopohokeun abdi? Salamina?
Badé dugi ka iraha Gusti miceun beungeut ka abdi?
2 Dugi ka iraha abdi kedah hariwang
Sarta nalangsa saban poé?
Dugi ka iraha abdi terus kaéléhkeun ku musuh?
3 Nun Yéhuwa Allah abdi, tingali abdi sarta jawab abdi.
Pulihkeun kakiatan abdi* sangkan abdi henteu maot,
4 Sangkan musuh abdi henteu ngomong, ”Aing geus ngéléhkeun manéhna!”
Ulah nepi ka musuh-musuh abdi sarurak ku sabab abdi éléh.
5 Tapi abdi percaya kana asih Gusti anu satia.
Haté abdi gumbira ku sabab Gusti nyalametkeun abdi.
6 Abdi badé ngawih kanggo Yéhuwa, ku sabab Anjeunna tos masihan berkah anu sakitu seueurna* ka abdi.