Jabur
Lagu waktu keur nanjak ka kota. Jabur karangan Daud.
131 Nun Yéhuwa, abdi teu adigung,
Panon abdi gé teu sombong.
Abdi teu mikahayang perkara nu luhur teuing
Atawa nu teu kahontal ku kasanggupan abdi.
Abdi parantos puas kawas budak nu teu nyusu deui.
3 Mugia Israél ngantosan Yéhuwa
Ti ayeuna nepi ka salalanggengna.