Jabur
Lagu waktu keur nanjak ka kota. Jabur karangan Daud.
133 Kacida hadéna jeung resepna
Lamun ningali dulur-dulur hirup rukun tur ngahiji!
2 Éta téh saibarat minyak pangalusna nu dikucurkeun kana sirah,
Tuluy ngucur kana janggot,
Janggotna Harun,
Terus mapay kana beuheung bajuna.
3 Éta saibarat ciibun ti Gunung Hérmon
Nu turun ka gunung-gunung Zion.
Nya, ka dinya Yéhuwa ngajangjikeun berkah-Na,
Nyaéta hirup langgeng.