Jabur
Lagu waktu keur nanjak ka kota.
134 Puji Yéhuwa,
Hé kabéh hamba Yéhuwa,
Nu ngawula peuting-peuting di bumina Yéhuwa.
2 Waktu nadahkeun leungeun pikeun ngadoa, maranéh kudu suci.*
Puji Yéhuwa.
3 Mugia Yéhuwa, Nu Ngadamel langit jeung bumi,
Ngaberkahan anjeun ti Zion.