Jabur
Keur pamingpin musik. Jabur karangan Daud.
14 Di jero haté, jalma bodo* mah ngomong,
”Yéhuwa téh euweuh.”
Kalakuan maranéhna jahat, laku lampahna pikageuleuheun.
Euweuh nu lalampahanana hadé.
2 Tapi ti sorga, Yéhuwa merhatikeun manusa
Pikeun ningali sugan aya kénéh nu bijaksana, sugan aya kénéh nu néangan pituduh Yéhuwa.
3 Kabéh jalma geus nyimpang,
Kabéhanana barejad.
Euweuh nu lalampahanana hadé,
Euweuh saurang-urang acan.
4 Jalma jahat téh teu ngalartieun kitu?
Maranéhna henteu sasambat ka Yéhuwa.
Maranéhna ngalegleg umat-Na siga ngadahar roti.
5 Tapi maranéhna bakal sieun kabina-bina
Sabab Yéhuwa ngabéla jalma-jalma bener.*
6 Maranéh jalma jahat hayang ngagagalkeun rencana jalma leutik,
Tapi Yéhuwa jadi panyalindungan maranéhna.
7 Hé Israél, mugia kasalametan manéh datang ti Zion!
Mugia Yakub gumbira, mugia Israél suka bungah
Waktu Yéhuwa ngumpulkeun deui umat-Na nu ditawan.