Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud.
140 Nun Yéhuwa, salametkeun abdi ti jalma jahat.
Jaga abdi ti jalma kejem,
2 Nu haténa ngaréka-réka kajahatan,
Nu sapoé jeput nyiar piributeun.
3 Létah maranéhna téh seukeut kawas létah oray,
Omongan maranéhna téh pibahayaeun kawas peurah oray. (Sela)
4 Nun Yéhuwa, jauhkeun abdi ti genggeman jalma jahat.
Tangtayungan abdi ti jalma kejem
Nu boga siasat rék nyilakakeun abdi.
5 Jalma-jalma nu aradigung masang jiret keur abdi.
Maranéhna nebarkeun jaring di jalan nu sok diliwatan ku abdi.
Maranéhna rék ngajebak abdi. (Sela)
6 Abdi nyarios ka Yéhuwa, ”Nun Yéhuwa, Gusti téh Allah abdi.
Dangukeun waktu abdi sasambat ménta tulung.”
7 Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, Jurusalamet abdi nu kuat,
Gusti nangtayungan abdi* waktu abdi keur perang.
8 Nun Yéhuwa, kahayang jalma jahat ulah dicumponan,
Siasat maranéhna sing gagal supaya maranéhna teu aradigung. (Sela)
9 Kajahatan nu diomongkeun ku jalma-jalma di sakurilingeun abdi
Sing malik ka maranéhna sorangan.
10 Mugia maranéhna dihujanan ku areng ruhay.
Mugia maranéhna digebruskeun kana seuneu,
Ka gorowong anu jero,* ulah sina kalaluar deui.
11 Mugia tukang pitnah teu boga imah di bumi ieu.
Mugia jalma nu kejem diudag ku musibat, seug dipaéhan.
12 Abdi terang Yéhuwa bakal ngabéla jalma leutik
Sarta masihan kaadilan ka nu miskin.
13 Jalma bener pasti bakal muji nami Gusti.
Maranéhna bakal aya di payuneun Gusti.