Jabur
Lagu karangan Daud.
141 Nun Yéhuwa, abdi sasambat ka Gusti.
Énggal tulungan abdi.
Dangukeun waktu abdi sasambat ka Gusti.
2 Tampi doa abdi lir dupa nu tos disiapkeun di payuneun Gusti.
Waktu abdi nadahkeun leungeun pikeun ngadoa, tampi doa abdi lir korban kadaharan* nu disanggakeun waktu peuting.
3 Nun Yéhuwa, tempatkeun panjaga dina baham abdi,
Tempatkeun pangawal dina biwir abdi.
4 Ulah nepi ka abdi mikahayang kagoréngan,
Sangkan abdi teu pipilueun jalma jahat ngalampahkeun kagoréngan.
Mugia abdi teu ngadahar dahareun maranéhna nu ngareunah.
5 Mun abdi dihukum ku jalma bener, éta téh tandana manéhna nyaah ka abdi.
Mun abdi ditegor ku manéhna, éta téh lir minyak kanggo sirah abdi,
Abdi moal nampik.
Pas maranéhna keur kasusahan gé, abdi bakal terus ngadoakeun maranéhna.
6 Sanajan hakim-hakim maranéhna disuntrungkeun ti gawir,
Jalma-jalma mah bakal ngadéngékeun kekecapan abdi, sabab éta téh pikaresepeun.
8 Tapi abdi mah ngandelkeun Gusti, nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung.
Abdi nyalindung ka Gusti.
Abdi ulah diantep maot.
9 Luputkeun abdi tina jiret nu dipasang ku musuh,
Tina jiret jalma-jalma jahat.
10 Kabéh jalma jahat bakal beunang ku jaring maranéhna sorangan,
Tapi abdi mah bakal lolos tina jiret maranéhna.