Jabur
149 Puji Yah!*
Nyanyikeun lagu anyar kanggo Yéhuwa,
Puji Anjeunna di antara jamaah nu satia.
2 Mugia Israél gumbira ku sabab Gusti Nu Agung nu ngadamel manéhna,
Mugia penduduk Zion suka bungah ku lantaran Anjeunna jadi Rajana.
3 Mugia maranéhna muji nami-Na bari igel-igelan
Sarta ngawihkeun pupujian* kanggo Anjeunna bari maén rabana jeung harpa.
4 Yéhuwa resep ka umat-Na,
Anjeunna nyalametkeun nu lemah lembut.
5 Mugia nu satia galumbira lantaran geus narima kamulyaan,
Mugia maranéhna sarurak gumbira di tempat saréna.
6 Mugia biwir maranéhna ngawihkeun lagu pupujian kanggo Allah,
Mugia leungeun maranéhna nyekel pedang seukeut
7 Supaya bisa ngabales bangsa-bangsa
Jeung ngahukum suku-suku bangsa,
8 Supaya bisa ngaborgol raja-rajana
Jeung ngaranté para pamingpinna,
9 Tuluy ngahukum maranéhna, sakumaha nu geus ditulis.
Ieu téh kahormatan keur kabéh hamba-Na nu satia.
Puji Yah!*