Jabur
150 Puji Yah!*
Puji Allah di bait-Na nu suci.
Puji Anjeunna di handapeun langit, langit nu némbongkeun kakuatana-Na.
2 Puji Anjeunna lantaran padamelana-Na nu hébat.
Puji Anjeunna lantaran kaagungana-Na nu unggul.
3 Puji Anjeunna ku sora tarompét tanduk.
Puji Anjeunna ku harpa jeung alat musik nu maké senar.
4 Puji Anjeunna ku rabana jeung tarian.*
Puji Anjeunna ku suling jeung alat musik nu maké senar.
5 Puji Anjeunna ku simbal nu ditabeuh.
Puji Anjeunna ku sora simbal nu tarik.
6 Hé sakur nu hirup, puji Yah.
Puji Yah!*