Jabur
Doa Daud.
17 Nun Yéhuwa, dangukeun, abdi téh nyuhunkeun kaadilan.
Perhatikeun jumerit abdi ménta tulung.
Dangukeun doa abdi anu iklas.
2 Mugia putusan Gusti adil kanggo abdi.
Mugia soca Gusti ningali naon nu bener.
3 Gusti nilik-nilik haté abdi, Gusti mariksa diri abdi peuting-peuting.
Gusti ngamurnikeun abdi.
Gusti bakal terang abdi teu gaduh rencana jahat,
Sarta biwir abdi teu ngucapkeun nu goréng.
4 Abdi teu nuturkeun lalampahan tukang maok kawas jalma-jalma lian,
Sabab abdi ngadangukeun cariosan Gusti.
5 Mugia abdi terus ngaléngkah di jalan Gusti,
Ku kituna abdi moal titajong.
6 Nun Allah, abdi sasambat ka Gusti, sabab Gusti bakal ngajawab abdi.
Dangukeun* abdi. Dangukeun cariosan abdi.
7 Témbongkeun asih satia Gusti ku tindakan nu hébat.
Gusti téh Jurusalamet pikeun jalma nu nyalindung ka panangan Gusti nu kuat,*
Nu nyalindung sangkan luput ti musuh nu ngalawan Gusti.
8 Jaga abdi kawas ka siki mata Gusti.
Sumputkeun abdi dina kalangkang* jangjang Gusti.
9 Jaga abdi ti jalma jahat nu nyerang abdi,
Ti musuh-musuh nu ngepung abdi.
10 Maranéhna teu boga parasaan,*
Tina biwirna kaluar ucapan nu sombong.
11 Ayeuna abdi sadaya dikepung ku maranéhna,
Didodoho rék dicilakakeun.*
12 Maranéhna masing-masing téh kawas singa napsu nu rék nyasaak mamangsanna,
Kawas singa ngora nu keketeyepan di panyumputanana.
13 Tulungan abdi, nun Yéhuwa. Serang jeung éléhkeun maranéhna.
Luputkeun abdi ti jalma jahat ku pedang Gusti.
14 Nun Yéhuwa, salametkeun abdi ku panangan Gusti
Ti jalma-jalma jahat di dunya* ieu nu ngan mentingkeun kahirupanana ayeuna,
Ti jalma-jalma nu dipasihan hal-hal hadé ku Gusti
Jeung nu boga warisan keur anak-anakna nu loba.
15 Tapi abdi, abdi mah bakal dipikaresep ku Gusti* lantaran ngalampahkeun nu bener.
Abdi sugema tiasa gugah di payuneun Gusti.*