Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud.
20 Mugia Yéhuwa ngajawab doa anjeun* waktu keur susah.
Mugia Allahna Yakub ngajaga anjeun waktu anjeun sasambat ka nami-Na.
2 Mugia Anjeunna ngirim bantuan ti tempat suci-Na
Sarta nguatkeun anjeun ti Zion.
3 Mugia Anjeunna inget kana sagala pangbakti anjeun.
Mugia Anjeunna resep narima korban beuleuman anjeun.* (Sela)
4 Mugia kahayang haté anjeun dikabulkeun ku Anjeunna
Sarta sagala rencana* anjeun dilancarkeun.
5 Abdi sadaya bakal sarurak bungah lantaran kaunggulan anjeun.
Abdi sadaya bakal ngangkat bandéra-bandéra pikeun ngamashurkeun nami Allah abdi sadaya.
Mugia Yéhuwa nyumponan sagala paménta anjeun.
6 Ayeuna abdi terang, Yéhuwa nyalametkeun* jalma nu dilantik ku Anjeunna.
Doana dijawab ku Anjeunna ti tempat suci-Na di sorga.
Jalma éta disalametkeun ku Anjeunna ku panangan katuhu-Na.
7 Aya nu ngandelkeun karéta perang, aya ogé nu ngandelkeun kuda,
Tapi urang mah sasambat ka nami Yéhuwa Allah urang.
8 Maranéhna rarubuh jeung lalabuh,
Tapi urang mah cengkat jeung nangtung ajeg deui.
9 Nun Yéhuwa, salametkeun raja!
Jawab abdi sadaya waktu sasambat ménta tulung.