Jabur
Keur pamingpin musik. Lagu karangan Daud.
21 Nun Yéhuwa, ku lantaran Gusti némbongkeun kakuatan, raja gumbira.
Ku lantaran Gusti masihan kasalametan, raja gumbira pisan!
2 Gusti tos ngabulkeun kahayang haténa
Sarta teu nahan-nahan paménta nu diucapkeunana. (Sela)
3 Gusti sumping ka anjeunna masihan seueur berkah.
Gusti ngamakutaan anjeunna ku makuta tina emas murni.
4 Anjeunna nyuhunkeun kahirupan, ku Gusti dipasihan,
Malah dipasihan umur panjang, hirup salalanggengna.
5 Anjeunna jadi kacida mulyana lantaran disalametkeun ku Gusti.
Anjeunna ku Gusti dipasihan kahormatan sareng kaagungan.
6 Anjeunna diberkahan salamina ku Gusti.
Anjeunna gumbira pisan lantaran disarengan ku Gusti.*
7 Raja percaya ka Yéhuwa.
Ku lantaran asih satia Nu Maha Agung, raja moal pernah digulingkeun.
8 Sakabéh musuh bakal ditéwak ku panangan Gusti.
Nu ngaréwa ka Gusti bakal ditéwak ku panangan katuhu Gusti.
9 Waktu Gusti sumping, Gusti bakal ngabasmi maranéhna, saolah-olah maranéhna téh diduruk dina pameuleuman.
Maranéhna bakal musna ku amarah Yéhuwa jeung ku seuneu nepi ka béak.
10 Gusti bakal ngabinasakeun turunan maranéhna ti bumi
Sarta anak incuna ti antara manusa,
11 Sabab maranéhna boga niat jahat ka Gusti.
Maranéhna ngarancang rencana, tapi bakal gagal.
13 Tulungan abdi, nun Yéhuwa. Tunjukkeun kakuatan Gusti.
Abdi sadaya bakal ngawihkeun pupujian* ngeunaan kakawasaan Gusti.