Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana ”Uncal dina Wanci Pajar”.* Lagu karangan Daud.
22 Allah abdi, Allah abdi, ku naon abdi bet ditinggalkeun?
Ku naon Gusti teu datang nyalametkeun abdi?
Ku naon Gusti teu ngadangukeun waktu abdi keur ceurik nalangsa?
2 Allah abdi, sapanjang siang abdi téh terus ménta tulung.
Waktos wengi, abdi teu eureun-eureun sasambat ka Gusti, tapi ku Gusti teu dijawab.
3 Sanajan kitu, Gusti téh suci,
Dipuji-puji ku Israél.*
4 Karuhun abdi sadaya percaya ka Gusti.
Ku lantaran percaya, maranéhna terus disalametkeun ku Gusti.
5 Maranéhna sasambat ka Gusti, tuluy disalametkeun.
Maranéhna percaya ka Gusti sarta teu pernah dikuciwakeun.*
6 Abdi dipoyok jeung dihina ku batur,
Saolah-olah abdi téh sanés jelema, tapi cacing.
7 Kabéh nu ningali abdi téh nyaleungseurikeun.
Maranéhna gogodeg jeung ngaléléwé kieu,
8 ”Manéhna pan percaya ka Yéhuwa, keun wéh sina dibébaskeun ku Allah!
Lamun enya manéhna dipikanyaah ku Allah, keun wéh sina disalametkeun ku Anjeunna!”
9 Gusti nu ngaluarkeun abdi tina rahim.
Gusti nu ngalantarankeun abdi ngarasa aman waktu diais ku indung.
10 Ti saprak lahir, abdi diurus ku Gusti.
Ti saprak abdi di jero kandungan, Gusti tos jadi Allah abdi.
11 Ulah jauh ti abdi, lantaran kasusah téh geus deukeut.
Abdi teu gaduh panulung séjén.
12 Abdi dikepung ku banténg-banténg ngora.
Abdi dikurilingan ku banténg-banténg nu kuat ti Basyan.
13 Sungutna caralangap kawas singa
Nu guar-gaur rék nyasaak mamangsanna.
14 Tanaga abdi parantos séép, lir cai nu dikucurkeun.
Sakabéh tulang abdi laleupas tina sendina.
Haté abdi kawas lilin,
Lééh di jero diri abdi.
15 Abdi teu aya kakuatan, lir sesemplékan kendi.
Létah abdi rapet kana lalangit.
Gusti ngasupkeun abdi kana liang ngarah abdi maot.
16 Abdi dikepung ku gorombolan penjahat.
Maranéhna kawas anjing-anjing nu ngarubung abdi.
Maranéhna kawas singa, ngégél leungeun jeung suku abdi.
17 Tulang-tulang abdi katémbong.*
Abdi ditongton jeung dipelong ku maranéhna.
18 Baju abdi dibagi-bagikeun di antara maranéhna sorangan,
Pakéan abdi gé diundi.
19 Tapi Yéhuwa, Gusti ulah jauh ti abdi.
Gusti téh kakuatan abdi, énggal tulungan abdi.
20 Luputkeun abdi tina pedang,
Luputkeun nyawa abdi tina serangan anjing-anjing.
21 Leupaskeun abdi ti sungut singa sarta ti tanduk banténg liar.
Jawab abdi sarta salametkeun abdi.
22 Abdi bakal nguarkeun nami Gusti ka dulur-dulur abdi.
Abdi bakal muji Gusti di tengah-tengah jamaah.
23 Aranjeun nu hormat* ka Yéhuwa, puji Anjeunna!
Sakabéh turunan Yakub, mulyakeun Anjeunna!
Sakabéh turunan Israél, sing hormat ka Anjeunna!
24 Anjeunna teu ngahina jalma nu ditindes atawa nyapirakeun kasangsaraanana.
Anjeunna teu miceun beungeut ka éta jalma.
Waktu manéhna sasambat ménta tulung, ku Anjeunna didangukeun.
25 Abdi bakal muji Gusti di antara kumpulan jamaah.
Abdi bakal nedunan ikrar di hareupeun jalma-jalma nu hormat* ka Gusti.
26 Jalma nu lemah lembut bakal dalahar nepi ka sareubeuh.
Jalma-jalma nu néangan pituduh Yéhuwa bakal muji Anjeunna.
Mugia aranjeun* hirup salalanggengna.
27 Sakabéh jalma di sakuliah bumi bakal inget jeung balik deui ka Yéhuwa.
Sakabéh suku bangsa bakal sujud di payuneun Anjeunna.
28 Ku sabab Yéhuwa téh Raja,
Anjeunna ngawasaan bangsa-bangsa.
29 Kabéh jalma beunghar* di bumi bakal dalahar jeung sarujud ka Anjeunna.
Kabéh nu engkéna jadi kekebul bakal sarujud di payuneun Anjeunna.
Euweuh nu bisa manjangan umurna.
30 Turunan maranéhna bakal ngalalayanan Anjeunna.
Génerasi nu saterusna bakal dibéré nyaho ngeunaan Yéhuwa.
31 Maranéhna bakal nyaritakeun tindakan Anjeunna nu bener.
Ka jalma-jalma nu bakal lahir, maranéhna bakal nyaritakeun naon nu geus dilampahkeun ku Anjeunna.