Jabur
Lagu karangan Daud.
24 Bumi jeung sagala eusina téh milik Yéhuwa,
Tanah nu subur jeung sagala nu aya di dinya gé milik Anjeunna.
2 Ku Anjeunna, bumi disina ajeg di luhureun lautan
Sarta disina ajeg di luhureun walungan-walungan.
3 Saha anu bisa naék ka gunung Yéhuwa?
Saha anu bisa ngadeg di tempat suci-Na?
4 Kabéh anu lalampahanana bener jeung haténa bersih,
Nu teu nyieun sumpah palsu demi Kuring,*
Sarta teu nyieun sumpah palsu keur nipu batur.
5 Manéhna bakal diberkahan ku Yéhuwa
Sarta dianggap bener* ku Allah Jurusalametna.
6 Nya siga kitu jalma-jalma anu néangan pituduh Allah,
Nu hayang nyenangkeun Gusti, Allahna Yakub. (Sela)
7 Hé gerbang-gerbang, angkat diri maranéh sing luhur!
Hé panto-panto heubeul, geura maruka!
Raja nu mulya rék asup!
8 Saha Raja nu mulya téh?
Yéhuwa, anu kuat jeung perkasa.
Yéhuwa, anu jaya dina perang.
9 Hé gerbang-gerbang, angkat diri maranéh sing luhur!
Hé panto-panto heubeul, geura maruka!
Raja nu mulya rék asup!
10 Saha Anjeunna, Raja nu mulya téh?
Yéhuwa pangawasa pasukan sorga, Anjeunna téh Raja nu mulya. (Sela)