Jabur
Jabur karangan Daud.
א [Alef]
25 Nun Yéhuwa, ka Gusti abdi ngadoa.
ב [Bet]
2 Allah abdi, abdi percaya ka Gusti.
Ulah ngantep abdi nandangan kaéra.
Ulah ngantep abdi dikékéak ku musuh.
ג [Gimel]
3 Moal mungkin nu miharep ka Gusti nandangan kaéra,
Tapi nu ngahianat nu bakal éra.
ד [Dalet]
4 Tuduhkeun ka abdi jalan-jalan Gusti, nun Yéhuwa.
Ajar abdi jalan-jalan Gusti.
ה [He]
5 Ajar abdi sarta bantu abdi leumpang di jalan Gusti nu bener,
Lantaran Gusti téh Allah nu nyalametkeun abdi.
ו [Waw]
Salamina abdi miharep ka Gusti.
ז [Zayin]
6 Nun Yéhuwa, mugia Gusti émut kana welas asih
Sarta asih satia nu terus* ditémbongkeun ku Gusti.
ח [Het]
7 Dosa jeung kasalahan abdi waktu keur ngora mugia henteu diinget-inget ku Gusti.
Nun Yéhuwa, sing émut ka abdi
Ku karana asih satia jeung kasaéan Gusti.
ט [Tet]
8 Yéhuwa téh bageur jeung bener.
Éta sababna Anjeunna ngajarkeun jalan nu bener ka jalma-jalma dosa.
י [Yod]
9 Anjeunna bakal nungtun jalma lemah lembut ka jalan nu bener.
Anjeunna bakal ngajarkeun jalan-Na ka maranéhna.
כ [Kaf]
10 Yéhuwa bakal terus nyaah jeung satia
Ka nu ngajalankeun perjangjiana-Na sarta nuturkeun pépéling-Na.
ל [Lamed]
11 Demi nami Gusti, nun Yéhuwa,
Hampura abdi, sanajan kasalahan abdi gedé.
מ [Mem]
12 Saha jalma nu hormat* ka Yéhuwa?
Ku Anjeunna manéhna bakal diajarkeun jalan nu kudu dipilih.
נ [Nun]
13 Manéhna bakal ngarasakeun nu haradé,
Sarta turunanana bakal ngapimilik bumi.
ס [Samekh]
14 Yéhuwa misobat ka jalma-jalma nu hormat ka Anjeunna,
Sarta Anjeunna ngawartoskeun perjangjiana-Na ka maranéhna.
ע [Ayin]
15 Abdi bakal terus neuteup ka Yéhuwa,
Lantaran Anjeunna bakal ngaleupaskeun suku abdi tina jiret.*
פ [Pe]
16 Teuteup abdi Gusti, sing karunya ka abdi,
Sabab abdi téh sorangan jeung teu walakaya.
צ [Tsade]
17 Kasusah haté abdi téh beuki nambahan,
Bébaskeun abdi tina kasangsaraan ieu.
ר [Res]
18 Gusti, tingali kasusah jeung kasangsaraan abdi,
Sarta hapunten sadaya dosa abdi.
19 Tingali, musuh abdi sakitu seueurna
Jeung sakitu ngéwana ka abdi.
ש [Syin]
20 Jaga nyawa abdi sarta salametkeun abdi.
Abdi ulah disina nandangan kaéra, sabab abdi nyalindung ka Gusti.
ת [Taw]
21 Mugia abdi dijaga lantaran hirup abdi bersih* sarta abdi ngalakukeun nu bener.
Abdi miharep ka Gusti.
22 Nun Allah, salametkeun* Israél tina sagala kasangsaraanana.